Jumat, 17 Oktober 2014

Nolednad Panuntungan

Para wargi sami uninga...nolednad sareng aki demit tos kenging jawaban nu jelas pertela perkawis teu matihna tirakat nolednad...oge langkung ti eta maranehna tos kenging bongbolongan pamungkas ti buyut ratu keloong...ku sih welasna nyi buyut ratu....nyatana lolongkrang kaluar pamustungan pikeun nolednad nutaskeun masalah kasakit barudakna...

Tungtungna noledna jeung si aki kudu ngalakonan lampah nyugemakeun hajat duriat nyi buyut ratu: ngalekuy endeuk-endeukan parindikan dugi tiasa nyambuangkeun kanikmat nyi buyut dugi ka poll...(aya ku kitu nasib nolednad...kaalaman deui lampah nu baheula tumerap ka nyi ratu kelong...basa manehna diiwat heula samemehna ka nagara keloong..)...kawarah ku pangalaman..nolednad ngecek heula ka nyi buyut..rempan ku sugan...bisi wae sanggeus milampah taeun jeung nyi buyut aya deui supata sejen nu nuturkeun saenggeusna..atuh ari kitu mah cumah..tina hiji supata abus kana supata sejen...sanggeus dipastikeun aman...der waeh dilakonan...demi barudakna sangkan calageurrr..

Singget carita..kabuktian, dawuh nyi buyut ratu teu nyalahan..anak2 nolednad ti nyi karwiti calalageur...beleger sakumaha budak anu normal...pakulitan galib jeung batur..oge henteu olol leho..sok komo sihungan jeung elal-elel letah mah...cageur sacageur-cageurna..saratus persenn....ananging kitu, urusan jeung nyi karwiti katut nyi iloh mah beda deui...teu ujug-ujug beres ku manehna...pajeujeut jeung patelakna hate diantara maranehna tangtu kudu diberesan kalayan dariaa..sabab euwueh pakuat-pakait langsung jeung supata nyi buyut ratu..eta mah estu masalah muamalah laki-rabi nu kudu diroeskeun papisah...

Nya jalan keur mereskeuna teh taya deui lianti diriungkeun.....Nolednad kalayan dideudeul ku kasaksen ti aki demit..ngajelaskan kasang tukang nu saeunyana kunaon manehna bet kudu nyandung ka nyi karwiti jeung ka nyi ilohh...intina lain kaluar tina tekad nu misalah..tapi estu kusabab hayang nyageurkeun barudakna....ari ahirnamah sanggeus dijelaskan...rek masrahkan ka nyi karwiti jeung nyi iloh sewang2an rek kumaha nya lampah...nolednad bakal narima. Nolednad onaman boga kahayang duanana rarido..dicandung..sabab memang geus kagok kajadiaann...da manehna geus ngukur bakal sanggup nyubadanan hirup huripna nyi karwiti jeung nyi iloh sakaliguss...

Ari si aki demit..lantaran boga hate kadua leutik...ngaharepkeun pisan nyi karwiti teh menta ditalak ka nolednad...sangka bisa boga jalan meunangkeun manehna sok sanajan mulung muntah rangda...karek kaguar ku nolednad..sihoreng nyi karwiti teh kurut kikindeuan si aki demit mangsa sakola di madrasah zaman barau cikurr..berenyit kenehh...ngan teu katakekan ngajodo sabab si aki demit gawena ngan ngablu kurang miropea nyi karwitii...kusabab karanjingan ku nongton adu begu...anu balukarna nyi karwiti pindah pilempangan neangan lalaki sejen nu leuwih daria micinta manehna...anu akhirna tepung jeung nolednadd.....rupana si aki demit ngarasa hanjakal ngamomorekun nyi karwitii..sok sanajan kakolotnakan masih neangan tarekah ngadahup jeung nyi karwitii...DBND: duriat baheula ngadakom deui....alias CLBK..

Sanggeus diriungkeun..hasilna...nyi karwiti ngamaklum manehna rido lamun kudu terus dicandung...hanjakalna...nyi iloh mah sabalikna..manehna mah menta ditalak wae...da teu bisa narima kanyataann yen nolednad geus lain jajakaa...sok komo mun inget manehna geus masrahkeun diri sagemblengna nepi kadaek di persekotan leuwih ti tujuh kalii...tempatna mun teu di huma kolotna, di saung katil sisi lembur anu jempling..

Manehna..sok ngagerih peurihhh...pangorbanan nu sakitu gedena bet kalah dibayar kurahull nu kacida bangetnaa...

Sok sanajan beurat ku duriat..dalah dikumaha kudu diridokeun ku nolednad...pegat tresna jeung nyi ilohh...nyi iloh ditalak...si aki demit oge kuciwa kacidaa...katutup harepan mibanda nyi karwiti...da nyi karwiti masih masket hatena ka nolednadd...
Cag..