Sugri
kaum dangu,. kacaturkeun.. Nolednad geus mulang deui ka lemburna. lembur
"legok hangseur". Tutas ngalalakon ka nagara kelong nu sanget
tur hararaeun.
Nolednad
dipulangkeun deui ka asalna ku Ratu kelong sabab tos cumpon kahayangnya,
dibinihan ku lalaki manusa pikeun anak baranahan keur miara katurunan bangsa
wadya kelong sajagad raya, Nyi Ratu Kelong teu butuh salaki permanen, butuhna
nu ngabinihan, mun dina bahasa ngawinkeun domba atawa kuda mah kasebutna ngan
butuh pamacek, geus seukses dipacekeun teras dipulangkeun deui ka purwadaksina,
nyaeta di alam manusa.
(Samemeh mastaka ageung lebet, mastaka alit
Nolednad lebet sareng utah heula. Mastaka ageung mah kanggo nutaskeun sareng
nganikmatkeun, janten binih Nolednad lebet) Nyi Ratu Kelong bingah
kagiri-giri bisa reuneuh. Saur catur, sakali bisa dibinihan, Nyi Ratu Kelong
bisa reuneuh 100 orok kelong unggal taun, salila 150 tahun teu eureun-eureun. Jadi
kabayang rendeyna palaputra Nyi Ratu Kelong.
Kulantaran
bingah Nyi Ratu Kelong maparin hadiah ka Nolednad. Mimitina mah ambek Nolednad
teh, lantaran hadiahna teu munasabah, guruntulan korong hejo garing nu dicokot
tina tiiran bulu irung Nyi Ratu Kelong nu rogok cokrom. Dibere tilu guruntul sagede-gede
hulu monyet jebrog.
Tapi
aneh binti ajaib, sanggeus asup ka alam manusa, eta guruntulan korong rajana
teh ngadadak robah jadi inten jeung batu permata tina jenis safir anu
kacida endah jeung mahalna. Kabayang permata sagede-gede hulu monyet diical ku Nolednad
ka toko emas di dayeuh. Eta tukang emas teu cekap mayaran ku artos kontan, dugi
kabubud toko sareng banda pakayana dianggo meser permata Nolednad, malah dugika
bujang-bujangna (pembantu), anjing herder katut ka pamajikan eta tukang emas
bubud dipake mayaran permata si Nolednad.
Singget
carita, Nolednad jadi jalma beunghar kacida, hartana ambarayah dimana-mana. Bru
di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah, ngabayabah na luhur kasur. Manehna
bisa ngamodalan usahana leuwih rohaka. Usahana maju jeung beuki nerekab ka
unggal madhab usaha. Mun ceuk bahasa dayeuh mah, kasabna berkembang
ekspansifff. Nu tadina ngan ukur ngiangkeun gula, ayeuna mah sagala rupa
dikokolakeun, sapunyere, halu, jubleg, tetenong, seeng diproduksi gede-gedean
ku manehna. Teu kaliwat bisnis daun tisuk jang bangkas-bangkus, ngajual anak
begu, tur ngiangkeun obat eksim kumanehna dipaju oge. Atuh teu kungsi lila, Nolednad
hirup kumbuh lubak-libuk, jadi jalma pangbeungharna di wewengkon karajaan
palangkakan karadak, di jaman haritaa.
Ngan,
sanajan kitu, Nolednad katenjona ngan alum jeung alum wae. Nya kitu deui nyi Karwiti
nu jadi pamajikanana. Jalma saliwat loba nu hemeng teu ngarti, naha dina
kaayaan nu samagreng ku banda pakaya, bet Nolednad ngarasula? Malah mah mangsa
baheula keur sangsara, Nolednad katelah jalma nu gumbira loba ngabojeg.
Sihoreng
simana horeng, Nolednad jeung nyi Karwiti sedih ngabatin peurih, lantaran boga budak
satilu-tilu henteu munasabah. Teu akur jeung pasipatan budak manusa anu umum.
Maksudna
boga budak tilu nu teu ilahar. Budakna tiluanana lalaki bari jeung hideung
cakeutreuk, hideungna teh beh ditueun areng. Lian ti eta aya sihungan jeung lehoan
wae teu euereun-eureun. Rupa tarekah geus dicobaan keur ngubaranana. Ku
sabangsaning rupusan, ramuan, oge ku jalan jiad kabatinan ti dukun-dukun lepus
nu kakoncara, tapi bating, teu aya pisan tapakna. Angger wae budak kitu kaayaanana.
Hiji
mangsaa, basa manehna ngabrangbrangkeun kasedih mikiran waruga budak bari
leuleumpangan ka sisi lamping. Teu pupuguh manehna panggih jeung hiji aki-aki
nu teu dipiwawuh. Megat di jajalaneun satapak bari nyekel iteuk hoe sagede puhu
leungeun.
Aki-aki,
"Nolednad, kula nyaho kasedih maneh, jeung kula nyaho sabab jeung cara
ngabenerkeunana!". Nolednad ngarenjag molohok terus ngomong, "Ari aki
saha?".
Aki-aki,
"Teu penting jeung teu kudu nyahoo!" kula ngahaja megat ilaing hayang
ngabejaan jeung mere bongbolongan, anak ilaing kawas kitu eta balukar tina
supata karuhuna Nyi Ratu Kelong. Sing saha-saha nu nyapatemonan Nyi Ratu, bakal
boga turunan nu maling sabagian sifat Nyi Ratu. Kabeneran sifat nu neureuh ka
anak ilaing, nya hideung cakeutreuk bari jeung lehoan taya kendatna. Supata eta
pageuh nerapna.
Nolednad
bari carinakdak, meh teu kuat nahan piceurikeun, "Aki atuh meureun geus
buntu laku peunggas jalan pikeun simkuring nyageurkeun budak kuring?".
Aki-aki, puji syukur ka pangeran, masih aya jalan pikeun maneh Nolednad ! Ngan syaratna kacida pisan beuratna Nolednad!”. "Naon syaratna aki? Bujeng-bujeng syarat dunya, mun kudu ditebus ku umur abdi dibayar ku nyawa abdi, abdi siap aki!"
Aki-aki,
syaratna aya tilu. Hiji maneh kudu tatapa sataun lilana. Salila tatapa maneh
ulah sare na kasur, ulah usik jeung ingkah, sok komo nongton bioskop jeung ulin
ka emol mah, dipahing pisan. Kadua, maneh kudu boga turunan ti pawinian
(pamajikan) anyar. Nu dikawin ku maneh ulah sakanyaho pamajikan maneh nu kahiji.
Katilu maneh kudu sapatemon make cara heuseus jeung pamajikan maneh nu kadua.
Nolednad
ngahulengg, terus ngomong, "Aki syarat nu kahiji abdi nampi, ngan syarat
nu kadua asa teu kahontal, naha bet kudu kawin deui? Pan abdi mah rek
nyageurkeun budak abdi nu geus aya ti nyi Karwiti, naha bet kudu boga budak
deui? Kumaha mun budak abdi ti nu ngora jadi cakeutereuk deui kawas budak
buncir?".
Aki-aki,
"Kawina maneh jeung nu ngora, kalayan dieusi ku mawat kalimat suci nu
dicangking tina tatapa 1 taun, kalayan dijejegan ku cara sapatemon nu bener
jeung ngora. Jadi panebus anu ngagurkeun supata karuhunna Nyi Ratu Kelong ka
anak maneh. Jadi lian ti meunang anak nu normal ti pamajikan nu ngora. Anak
maneh ti pamajikan nu kolot age bakal cageur kabeh, ngarti maneh?". Nolednad
unggut-unggutan, ngarasa ngarti ku jawaban si Aki.
Kocapkeun,
singket carita, Nolednad satekah polah nyumponan eta syarat hiji-hiji kalayan
tartil. Puasa sataun teh sihoreng lain ngan ukur puasa, tapi bari kudu sila
menekung handapeun haur nu caneom rembet bari jeung hieum pikakeueungeun,
ditempat nu katelah pasir molenas bawahan babakan parindikan bulistir. Tapi
lantaran kuat patekadan, manehna teu galideur keueung, gerentes hate Nolednad:
"Tong boro kiara sungil, apan guha Nyi Ratu Kelong nu leueur bari jeung
bucak jaba hangseur kacida ge apan kusi diabusan ku kula.."
Dodoja
puasa bari tatapa teh rupa-rupa ,. poe kahiji.. teu pupuguh ujug-ujug gurudug
teh aya batu sagede treuk puso salosineun ngagorolong rek ngalides manehna. Soak
beak karep nepi ka kokompodan. Ku soak-soakna eta dua siki "pakarang"
manehna ujug-ujug nyurup leungit sajongjongan, rek teu soak kumaha eta batu nu
ngajungkiring teh geus aya no congo irung manehnaa. Geus asa rek gejret wae
ngagencet manehna nepi mejrel, meh-mehan manehna gagal rek ngabecir nyingkahan
batu.
Tapi
kulantaran geus ajam kuat niat. Nolednad teu ingkah, manehna peureum tikekereket
bari mapat do'a sabisa-bisa. Kumaha engke lah, nu penting aing tigin ulah
ingkah nu matak gagal tatapa.
Kitu
ceuk gerentes hatena, enyaan ladang sabar rupana mah. Sing horeng euweuh batu
euweuh naon nu ngalindes manehna. Ditunggu ku ditunggu, euweuh nu ngagencet
manehnaa. Ngan ukur aya sora ngetepluk kana daun garing nu ngalayah di
sakuriling Nolednad.
Nolednad
bari masih ngeleper meletetkeun juru panon kana sora eta, " Koplok teh,
sugan teh heueuh batu rajana. Nurustunjung ukur sukro ngagorolong ka hareupeun
aing" gerentes Nolednad, rupana Nolednad keur didoja ku siwah tetenjoan,
puguh-puguh sukro nu datang, kadelehna siga batu sagede treuk.
Nu
pangbeuratna mah dodoja poe puasa tapa nu panungtung. Satuntas dahar buka puasa
wanci isa, manehna keur ngalegeday handapeun kiara, bari dibaturan cempor nu
caangna meletet. Teu pupuguhh ujug-ujug jleg teh dihareupeunna aya awewe anu
geulis bari jeung ambucuy kabina-bina. Sajongjongan Nolednad olohok ngembang
kadu bari teu eureun-eureun gigisik, bisi salah tenjoo. Ngarasa kurang manehna
nyiwitan birit sorangann sababaraha kali, majar teh bisi ngimpi. Tapi da angger
nu aya dihareupeun teh, istri lenggik camperenik, awak jangjing sampayaan, bari
ngeusi tur matak uruy hareuyheuy. Mun ceuk basa kiwari, seksih abish.
Nolednad,
ngerelek, ampir teu tahan. Mehmehan rek ngarontok eta wanoja, anu lalanggeoran
ngageboy joged beuteung (tari perut) bari ngalaanan raksukana
salambar-salambar. Hatena babadug, pakarangna totojal, komo mun ras inget
manehna ampir sataun teu atel kulit jeung nyi Karwiti nyumponan nafkah batin.
Untung
si raja untung, manehna teu incah tina tekad asali. Hayang cumpon nyageurkeun
nu jadi anak, manehna peureum nahan nafsu nu mahabu birahi nu kaleuleuwihi, bari
maca do'a sapujagat. Jep, sajongjongan simpe. Teu lila kadenge sora nu
gogorosan bulak-balik hareupeuna bari sesegor. Nolednad muka panon, singhoreng
nu dihareupeuna teh robah jirim. Jadi begu jabrig, calingna melengkung."
hushh mantog siah begu" Nolednad gegebah, manehna lulus ngalakonan syarat
kahiji.
Nincak
syarat kadua. Tipayun tos disigeung sakedik. Nolednad bari jeung rada
humandeuar, neangan calon istri wayuheun, da manehna asa teu tega ka nu jadi
pamajikan nyi Karwiti tea. Nya basa manehna keur dagang ngiangkeun
parabot dapur. Sarupaning seeng, tetenong, jeung hawu portable, teu dihaja
panggih jeung nyi Iloh. Parawan geulis, donto bari singer kacida.
Nolednad
tepung teu dihaja jeung nyi Iloh nu rancunit di hiji dayeuh basa manehna keur
ngider dagang rupaning parabot dapur, eta dayeuh katelahna dayeuh "Tunggir
Nyunghid" hiji tempat nu hejo ngemploh ku tutuwuhan di suku Gunung
"Birit Nyangigir.
Basa
keur tonggoy laladang, Nolednad teu pati luak-lieuk nitenan nu tatawar
rek meuli, da geus ilaharna kitu. Tapi basa aya wanoja dituntung tanggungan
keur pulah-pilih aseupan. Nolednad rada curinghak, euning eta awewe teh meuni
mencenges beda tinu lian. Awak lenjang, rupi geulis matak kataji, halis hideung
ngajeler paeh. Irung bangir jeung gadona matak sono lir endog sapasi. "Edun
widadari timana ieu teh?" kitu gerentes Nolednad.
Ras
kana syarat kadua tea,Nolednad ngadadak jadi sumanget neangan candungeun. Anu
luh lah hoream humandeuar. Ngadadak seukeut pikir jeung rarasaan. "Ieu
yeuh jinisna nu bakal jadi maturan kula nyumponan syarat nu kadua!", gerentes
Nolednad.
Nolednad
ngolesed api-api rek menerkeun tali na tuntung rancatan. Padahal nu puguh mah
mih bisa ngadeukeutan eta wanoja. "Aya nu kaango neng aseupanna?"
Tanya Nolednad bari mencrong satengah olohok ka eta wanoja. Eta wanoja ngareret
kujuru panonna nu cureuleuk bari ngagelenyu imut, seblak, dada Nolednad
ngagentak bari ngalenyap. Kasima ku geulisna eta wanoja. "Hadeuuhhhh na
aya ku endah-endah teuing ieu widadari". Manehna ngagerendeng bari buru
ngajewang sarung nu meh morosot. Alatan caliweura kasima ku eta wanoja.
Tisaprak
amprok jeung wanoja anu nelah nyi Iloh. Nolednad bagi tigin rek nyumponan
syarat kadua. Aya jalan komo meuntas sigana mah, keur mah dititah nyandung, katambah
aya nu dipikageuget, manehna satekah polah ngadeukeutan nyi Iloh sangkan
beunang hatena. Lila beuki lila sanggeus tambah wawuh teu asa-asa mahugi ku
barang-barang nu alus jeung rarang. Malah sangkan apdol kolot nyi Iloh
dideukeutan jeung disubadanan kalandepna. Bapana nyi Iloh meh unggal jumaah
dikiriman bako mole sarinjing, pleus ditumpangan pahpir cap kadal heuay, nu
harita keur kajojo pahpir pangeunahna sanagara. Nyakitu nu jadi indung nyi Iloh
oge reumbeuy ku pamere Nolednad. Jubleg wae aya satengah losinna dikirim ku Nolednad.
Geus karuhan bahan seupaheun mah. Sakarung-sakarung dikirim unggal saptu poe
pasar. Pokona mah nyi Iloh jeung kulawadetna banjir ku pamahugi jeung
panyimbeuh banda.
Kulantaran
haben dideukeutan jeung digebruy ku pamahugi. Lila kulila, timbul bogoh jeung
nyaah nyi Iloh ka Nolednad. Nya caritana Nolednad jeung nyi Iloh teh papacangan.
Di lembur eta teu lila pada apal, terus nelah. Kasebutna bentangna dayeuh
tunggir nyunghid kabandang ku sodagar seeng jeung tetenong anu jegud. Nyi Iloh
ocon ngasuh deudeuh asmara jeung Nolednad.
Geus
tangtu dina ikhtiar ngawayuh Nolednad tarapti pisan, sakumaha geus disaratkeun.
Manehna rekep rerencepan teu buja-beja kasasaha ge. Jeung ongkoh dayeuh tempat
nyi Iloh nganjrek teh jauh pisan jarakna ti lembur Nolednad jeung nyi Karwiti.
Jadi asal lantip pamohalan bakal katohyan laku wayuh ki Nolednad ku pamajikan
atawa batur salemburna. Jadi estu aman ngalagena tah ki Nolednad teh dina
ngudag syarat nu kadua. (barinage masing teu disyaratan, nu nyandung mah da
rerencepan tabe'atna, kecuali nu palay digendiran bari dikulub ku bojo kahiji, red.)
Sanggeus
papacangan tilu likur poe. Nolednad jeung nyi Iloh geus paheut rek ngadahup jatukrami
jadi salaki pamajikan. Kulawarga nyi Iloh geus mere restu kamaranehanana. Nolednad
ngahaja ngawadul nyebutkeun yen manehna mah geus pahatulis teu indung teu bapa.
Manehna ngaku bujangan nu ditinggalkeun maot ku indung bapana mangsa budak. (meni hayang nalapung nya, ku yuni eh eta
Nolednad.)
Nya
poe kariaan pangantenan geus ditangtukeun. Numutkeun itungan akina nyi Iloh.
Cindek dina tanggal 4 rewah, poe rebo kaliwon, kalayan akad dilakonan di
masigit dayeuh memeh wanci pecat sawed, saminggu samemehna, nyi Iloh geus
dipingit jeung diropea ku rupa cara titinggal karuhun. Awak dibalur ku
rupa-rupa ramuan seuseungitan, malah kusi ngider dikeueum di sumur tujuh di
hulu dayeuh, supaya tambah mencenges jeung nambah awet rumah tangga ceunah mah.
Nolednad
oge teu tinggaleun tatan-tatan nyiapkeun rupa-rupa. Pangpangna manehna
nyiapkeun "pakarang pusaka" para lanang.
Pikirna,
"Uing rek ocon macangkrama pangantenan jeung nyi Iloh nu donto, pakarang
kudu ditohagakeun bari jeung dirancet sangkan rada badag jeung renjul, ulah
nepi ka kuciwa nyi Iloh ku kuring."
"Nyaiii
iloohh, ieu akang Nolednad geus samakta rek nyugemakeunn nyai lahir utamana
batin", kitu tekadna Nolednad.
Pisapoeeun
deui kana waktuna, pasosore, Nolednad rada hulang-huleng. Manehna, inget aya syarat katilu anu can jelas
dijentrekeun ku si aki misteurieus tea. Padahal eta syarat katilu teh kudu
dicumponan teu lila sanggeus sarat kadua kalakonan.
Syarat
nu katilu sangkan barudak Nolednad jadi normal jeung supata Nyi Ratu Kelong
camal teh, nyaeta (hapunten): Nolednad kudu nyapatemonan istrina nu kadua dina
peuting munggaran pangantenan ku cara khususon alias kheuseus. Ananging si aki
can ngajentrekeun cara kheuseus teh kawas kumaha? Padahal apan peuting pangantenan
teh ngan kari isukan wae? Palebah dieu Nolednad hemeng bingung, kudu kumaha?
Rek nanya ka si aki kamana kudu neanganana, da teu puguh alamatna. Lain aki
samanea, apanan aki-aki demit ti kagoiban manehna teh.
Keur
ngalantung bari ngahuleng dipakarangan, kaligane aya sora nu batuk gigireun Nolednad.
Nolednad ngalieuk, sajongjongan manehna reuwas tapi bungah. Sing horeng nubatuk
teh si aki misteurieus tea, ujug-ujug geus ngajega di dinya, bari nyenyekel
iteuk hoe wedel. Bari satengah ngagabrug Nolednad nyampeurkeun, "Aki, aduh
nuhun ngersakeun kadieu puguh abdi teh aya taroskeuneun."
Si
aki: "Menggeus jang teu kudu ditanyakeun, aki ge geus nyaho, kabingung
ilaing. Jeung memang aki geus ngomong tiheula, yen dina waktuna aki bakal
ngajelaskeun "cara kheuseus". Nu jadi patanyaan ilaing. Nya ayeuna
waktuna, sapoe samemeh ilaing muka berekat hipu nyi Iloh calon jikan kadua
ilaing. Regepkeun omongan aki, moal rek ngaduakali ngomong".
Nolednad
sarigep bari ngarebingkeun ceulina hariwang aya omongan si aki nu teu ka reungeu.
Si aki ngomong: “Lamun geus prung sapatemon. "pakarang lanang" atawa
"mutu pusaka" silaing geus abus ngarendos dina cowet hipu nyi Iloh,
omat asupkeun atawa bebeskeun satengahna bae. Ulah kabeh diasupkeun.
Ngarti
ilaing? Nolednad unggeuk bari ngajawab: “Ngartos ki, terus manehna nanya: upami
ngarendosna bari maju-mundur abdina teu nanaon ki? Si aki: "jehhh belet
teh kalah dipiara, ceuk aki ge syaratna ukur ulah diasupkeun kabeh mutu maneh,
tapi satengahna wae. Perkara nu sejen rek bari maju-mundur atawa rek bari
jujuralitan atawa koprol pek teh teuing, nu penting asupkeun mutu maneh ngan
satengahna, deuleu.
Nolednad:
ki lamun nepi ka ngabebes kabeh kumaha, balukarna? Si aki nempas, "anak
maneh ti nyi Karwiti bakal moal cageur, katambah deui anak maneh ti nyi Iloh,
bakal buncir hideung oge. Sing inget ieu syarat pamustungan, lamun gagal bakal
burakrakan paniatan ente, syarat kahiji jeung kadua sanajan cumpon euweuh
hartina."
Nolednad
ngagerendeng, "aing pasti bisa nyumponan syarat eta.. pilakadar nahan
kangeunah sapeuting. "Lebar geus usaha leuleuweungan kieu, bet kudu gagal".
Singget
carita, kariaan pangantenan geus tutas. tamu-tamu geus marulang. Nolednad geus
nyiapkeun diri ngalakonan syarat katilu, manehna jiga nu teu pati tegang. Nyantai
nu aya, malah jiga rada nyapirakeun, estu percaya diri.
Nolednad
asup ka pangkeng jeung nyi Iloh, katingal Nolednad mah teu pati nu dariya. Kalah
nyi Iloh nu murangkel tipepereket ngaleng cangkeng Nolednad bari
peupeureundeuyan gumeulis. Sapertos nu nangtang hoyong dicoco.
Lampu
cempor dipareuman, nyi Iloh mimiti ngagaramang, sautik-eutik, anu akhirna teu
karasa beuki nanjak ngudag kana bagean intina. Dina palebah eta, Nolednad geus
taki-taki sok sanajan nyi Iloh merod menta ditutaskeun manehna geus siap nahan
diri sangkan syarat katilu cumpon.
Kasabaran
Nolednad bener-bener diuji, sanggeus ngagitik maju mundur kasisi kagigir,
ngarendos, bari jeung cowetna teu eureun-eireun ngageol, tungtung ngeunah geus
muncak ka puncak sirah, manehna humandeuar ngarahuh kacida, nahan supaya syarat
katilu cumpon, manehna masih kuat nahan.
Nyi
Iloh gugurinjalan, bari jeung terus merod metot cangkeng menta Nolednad
nutaskeun, Nolednad masih nahan. Nepi ka pamustunganana Nolednad bisa tahan,
manehna bisa nutaskeun syarat nu katilu.
Sok
sanajan, rada diamuk ku nyi Iloh, Nolednad teu kuciwa. Manehna narima wae,.
dina hatena manehna ngagerentes," keun lah peuting ieu mah kula boga
paniatan.. nyageurkeun budak, ke geus bareres urusan ku kula bakal ditutaskeun,"
hampura nyi, peuting ieu akang can bisa poll nyugemakeun. Kitu gerentes Nolednad.
Nolednad
bisa narik napas longsong. Manehna gede harepan. Bakal mapag mangsa cageur
barudakna. Manehna hayang buru-buru nenjo bukti matihna tirakat manehna nu
ngalakonan tilu syarat ti aki-aki misteurieus tea, naha bakal kabuktian atawa
kumaha? Tapi manehna boga harepan anu gede kacida.
Dina
sare peuting harita, manehna tepung jeung si aki. Si aki mere ilapat. Nolednad
dua poe ti ayeuna, geura tenjo anak-anak ilaing ti nyi Karwiti, pasti
geus calageur.
Naha
bener anak-anak Nolednad bakal calageur,? Tah ieu bagean raramena, carios teu
acan dugi ka puncak, kumaha nasib anak-anak Nolednad?, kumaha nyi Karwiti?
kumaha oge si aki? Saha sabenerna si aki? enjing bakal ditamatkeun, cag.