Kocapkeun
dilembur situ nu singkur kasimbutan ku lengkob gunung. Lembur salikur
umpi..karek reres kariaan ngadahupkeun panganten anyar jang arnasan jeung nyi
rumsih..tutup tatarub.bubar ondangan wanci sareupna mangsa tonggeret recet
mapag poek.
Jang
arnasan elekesekeng, ijigimbrang jiga ucing rek ngajuru..geus teu kuat hayang
buru ka enggon murak paesan nyi rumsih..nu salila ieu jadi implengan matak
uruy...mungkas mangsa bujang nguyup madu parawan nya nare malam pertama tea.
Sanggeus
kakaren susuguh dirapihkeun..barang ngayah diumahkeun...mitoha lalaki kalih
awewe geus reureuh abus ka pangkeng...arnasan geuwat ngajewang nyi rumsih nu
ambucuy satengah disered, asup ka enggon ngajak ucul-ucul...
Naha
simpe kieu paguneman teh...panto rarekep..golodog baseuh keneh ku ibun....
Peuting
tos rehe..boro2 jelema..sandekala, budak buncir, uil leuwi geus arampihh teu
kuat ku tiris..arnasan semu haroshos2 ngomong ka nyi rumsih: "nyi buru
atuh akang geus teu wasa yeuh"....nyi rumsih: "keheulaanan atuh sakang...ieu
panitih niir jero teuing tikudawet kana tali kutang nu jero...jadi pajeujeut
kieu...sabar saeutik atuhh....arnasan: "nya buru atuh...yeuh asa rek
coplok.."
Nyirumsih
tipoporoseh semu geumpeur ngalaanan baju sarangka awak jeung pinareup...bari sarua
semu ngadaregdeg bari kesangan..maklum karek munggaran ucul-ucul disaksian
kulalaki..nu haroshos bari raragamangan elok2an siga ucing halabhab elal-elel
letah teu kuat hayang nginumm...
Kocapkeun..sarintakan
jeung kaayaan paciweuhna 2 panganten anyar di jero pangkeng anu
seungit...kalayan teu kaweruh ku dua japati nu keur ocon tea...dipipir kamer
aya kalangkang jelema nu keur ngadedempes hayang ngintip eta
panganten...ngarana si nolednad kulisi desa nu keur kapancen ngaronda
ngamankeun lemburrr...
Ki
nolednad...teu nolihh ditapuk reungit jeung rambetukk...pikiranna geus diwawaas
ku implengan nongton film live haratisss...papuketna 2 japati dina enggon nu
puanaasssh...
Mun
di jero panganten puanas bayeungyang..diluar nolednad leuwih2..haroshos bari
ngeleper hayang geura2 nyakseni live show...manehna seseleket neangan liang
jang noong....
Ngan
orokayaa...eta pipinding imah teh estu weweg dijieun tina kai jati buhun nu
dikeueumna dina leutak leuwih ti 2
tahun...jaba euweuh celah jang noong...oge teu bisa dikorobetan jang nyieun
liang supaya bisa nenjo ka jero kamar...nolednad: "nurustunjung...bet
weweg2 teuing kai teh...halah teu bisa ditenjo"...nolednad eleh
deet..tungtungna ngan bisa ngarapetkeun ceuli kana kai pipunding
kamer..ngadedengekeun naon keur kasorang di jero kamer...
Nolednad:
"nya geus atuh teu bisa ditenjo kajeun...nu penting bisa didengekeun..live
showna...anggap wae teu jadi nongton televisi...jadina ngadengekeun radio"
Nolednad terus ngarapetkeun ceulina bari ngadedempes..
Teu
lila kadenge kumanehna ti jero kamer aya sora: "nyi emhh aya ku seungit
sareng hipuu...gagaduhan teh...katingalna pipelemeun...akang meni tos teu
kiat......ditempas deui ku sora: "akang geuning cacandakan akang ge meni
centang pisan sareng hareuras...kabayang bakal nyakress sareng ranguu....hoyong
enggal digalokeunn...Nolednad:" lakadalah geus maen yeuh jeung mulai
panas"...manehna barobosan..ceulina direbing-rebingkeun..bari teu karasa
aya nu muncuguh nojal dina kolor katutupan sarung.....
Teu lila kadenge deui sora: "nyiii emh
katingalna mun digalokeun nu nyai jeung nu akang bakal hareuyheuy...lada matak
seuhah tapi deudeuieunn...cik asongkeun atuh nyi mmhh...nolednad ngagerentes na
hate: "ontohod teh.. rek iraha atuh ngabebesna bet kalah ka ngaromong wae...jiga
nu keur ngabancong lebokeun..aing geus teu kuat yeuh...nogagg...." kadenge
deui sora: ....
Akang....sakedap
supados langkung pedo...urang tambah samarana...ku pangjajap lalab rumbah
leuleuran pamasihan abah-ema...supados karaosna ku akang legittt sareng ngageleserr...janten
tiasa dugi kana puncak raos anu taya papadana....
Nolednad:
"koplok teh geuning teu kaur prung...aing geus jibrug"..sora lalaki
ti jero: mangga nyi... hayu atuh urang galokeun urang rendos ku mutu
akang....meni tos lengkepp sagala rupinaa....Nolednad na hate:
"nurustunjung...nurustunjuung"...
Sora
awewe: ke sakedap aya nu kiraang akang.......Nolednad teu kuat...satengah teu
sadar ngajorowokk ti luar: "di kalapaan koplok amih tambah
ngeunahh..."
Enjingna nolednad di candak karumah
sakit...saperkawis kulantaran ditenggeulan ku jalmi salemburr...kadua
perkawis...teu cacap dugi ka puncak nyakseni live show papuketna jang arnasan
sareng nyi rumsih....cag...