Selasa, 14 Oktober 2014

Nolednad Dirawu Kelong (bagean kadua)

Nyambung catur kapungkur...Nolednad tos mulang ti rumah sakit.. emut keneh?

Alatan dikepuk ku jalmi salembur.. margi tos milampah cawokah ka panganten anyar jang Arnasan sareng nyi Rumsih.... saatos eta kajadian Nolednad pindah imah ganti lembur...ka dusun nu leuwih nyingkur..nu ngarana lembur "legok hangseur".... eta lembur jauhna kurang leuwih sapuluh pasir ti lemburna nu heubeul lembur situ tea.... mun dijugjug leumpang.. kurang luewih ngetuk kundang baralak lima welas obor baralak....

Kasebatna Nolednad teh nyingkahan kaera nu teu kaampeuh... wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang (siga nu sahanya...?)

Ceunah.. sugan dilembur anyar bisa muka hirup anyar nu leuwih ngabungbulang nyampeur mangsa nu bakal kasorang..sapopoe manehna kasab kana ngiangkeun lahang pigula beureumeun ka hiji dayeuh nu katelah dayeuh "babakan munu'u....

Lumayan pikeun Nolednad...mun keur marema sok mucekil beubeunangan bisa pake nebus beas lima letereun plus kere jaer satengah nyirueun... matak bungah nyi karwiti nu jati pamajikanana... lodong lahang ditagogkeun pabeubeurang kasareupnakeun na beuheung kawung di leuweung..terus diteangna isuk rebun-rebun mangsa ibun renung keneh na dangdaunan...

Nayaga tabeuh..iklan heula sakedap..mangga bilih bade aya nu komen..
Prung....kocapkeun..hiji mangsa ki Nolednad elat naekeun lodong katompernakeun...
Wanci geus leuwih ti sareupna.. bari gura-giru manehna ngasruk na rungkun cucukan.. Nolednad noyod manggul lodong ka jero leuweung nu maju ka meredong poek..teu lila palebah pasir "lentudd" manehna rada ngarandeg...teu pupuguh pundukna muringkak katambah tiis mani comrek....

Nolednad ngagerendeng: dasar bujur munding...aya naon ilaing dedemit ngaganggu kula..halik sing jararauh.... kula teu niat ganggu.. ngan ukur ngaliwat...hus-hus sing jauh.. terus manehna bubura kakenca jeung ka katuhu.... sanggeus kitu Nolednad neruskeun deui lengkahna....

Ana teu disangka..karek ge sapuluh lengkah... janggelek teh aya nu ngajirim tilu deupa hareupeun Nolednad... rupana pikagilaeun... buuk riwig.. sihung nyanggereng... mata bolotot burahay beureum... irung nambru siga hawu.. bari jeung bulu irung cokrom raronghok kalaluar sagede-gede puhu injuk... na unggal bulu irung korong garing pajejel ting guruntul sagede-gede peureup.. katambah cileho hejo teu eureun-eureun ulal-elol...

Ki Nolednad beuki soak.. palebah nenjo biwirna nu jebew jebleh bari kandel kedeplikk.. ci kelay murubut nyakclakann teu eureun-eureun tina juru sungutna.. manehna meh kapaehan.. nenjo huntuna nu ranggeteng.. karehol teu puguh susun.. koneng pinuh ku (punten) kulat.. bari ngaheoskeun bau biuk nu taya papadana.... ku bauna nu banget kacidaa... dugi ka sabangsaning lalay, tonggeret, reungit, rambetuk, cika-cika, galempar ngajaloprak kapaehan... nangkarak ambarayah handapeun suku eta mahluk..jeung di sabudeureun ki Nolednad..

Ki Nolednad bari calangap ngadegdeg.. beuki soak.. ningal pinareup eta mangkeluk... buah harigu (pinareup) buadagggna teu kira-kira.... estu pikagilaeunnn... rayudd katambihh laerrr... dugi ka nyangsar nyapuan jajalaneun.... puhuna manjang dugi ka dampal suku eta mahluk... tungtung buah hariguna duka dimana... da katenjo ku Nolednad mah... masih manjang ngagebay kabeulah tukangeun eta mangkelukk.. malah sakapeung sok katincakan ku sukuna nu lajag-lejeg teu bisa cicingg..

Teu tatapasini.. Nolednad ngajorowok bari ngabecir... Keloong.... keloong... jurigg keloong... tuluuung.. tulung.. manehna lumpat sakalumpat lampet... tunggul dirarud catang di rumpak.. nepi ka calana komprangna ti kait kana awi ngora teu dirasa... awak mabur.. ari calana tikudawet tinggaleun... atuh kolor copong awir-awiran kamana-mana... nepi ka pakakas manehna nembongan ampul-ampulan...

Lumpat sataker kebek... rarasaan mah geus jauh.. tapi orokaya.. ujug-ujug aya nu geunyal ngeurad beuheungna... meulit sababaraha beulitan.... manehna kacekek.. lumpat jadi ngagandet..... eta nu meulit karasana empuk tapi nyangked.... kurang leuwih sagede beuteung embe.. manjang... barang direret katukang kumanehna sihoreng puhuna teh aya dina pinareup eta mangkeluk... "ampunnn susu keloong... ampunnnn".... Nolednad ngajorowok..

Noledna ngalenggerek... teu inget di bumi alam... alam ngadadak ngagebleg poek....lesss sajongjongan teu nyahoo di kaayaan..

Singget carita... Nolednad ngulisik eling.... kuniang hudang... manehna rungah-ringeuh... barang direret manehna aya dihiji tempat sigrong.... agreng mirupa karaton nu dijodang tihang gararedee... sagede-gede beuteung gajah... eta tihang ditaretes ku inten nu gugurilapan pinuh ku cahaya...

Ngan nu aneh.. manehna..nenjo di sabudeureun manehanana aya 3 jelema anu ngajoprak teu eling... terus di satukangeun manehna aya rohangan disarigsig beusi jiga panjara nu pajejel ku jalma loba pisan aya ngaratusna... jalma-jalma teh teu sarupa.. aya nu hideung jiga negro.. aya nu bodas rupa cina.. aya nu mancung jangkung rupa bangsa hindustan... oge aya nu bulee rupa bangsa eropa...kabeh ngan ukur make cawett.... terus anehna deui sakabehnas lalaki...

Teu aya wanoja sapotong-potong acan..

Ret noledna nenjo ka tilu jalma nu ngajoprak... singhoreng geus harudang... ditenjo deui.. eta tiluanana jalma karasep pisan.. bari jeung jarangkung badag tegep... ret deui ka rohangan nu siga panjara tea.. oge karasep jeung taregep kabeh.... manehna hemeng: "anjrit dimana euy uing... eta jelema karasep kitu.. ngan uing wae euy nu panggorengna... bari jeung nista pisan... batur mah mending marake cawet.. tegep jiga.. tukang binaraga.. ari kuring make kolor rawing polet bolerang.. bari jeung awak regung... rangkebong..."

Kuluprak... sora panto gede gigireun manehna muka... gejlig aya nu asup... Nolednad soak bari nyorodcod... nyakitu deui tilu lalaki sagigireun manehna...eta kelong nu tadi ngiwat manehna asupp... tangtunganna. Teu beda jeung tadi.... kadenge mangkeluk kelong teh ngomong (semu ngirung): "sia kabeh ku kula dibawa kadieu pikeun nyenangkeun jeung mere katurunan ka ratu bendoro pupuhu kelong saalam dunyaa..... montong mungpang mun hayang balik deui ka alam sia"...

Nyawabbb!!! (baca:Jawab) si kelong nyentak... lalaki kahiji ti kenca ngajawab: 'yes sirr"... nu kadua ngajawab: "na'am"... lalaki katilu ngajawab: "ora nehi".. panungtungan Nolednad ngajawab: "yaktos kanjeng kelong" .... Nolednad ngagerentes: "paingan karasep nu tungtung itu ti inggris atawa amerika.. nu tengah ti arab.. nu tuntung dieu ti India.. jigana teh...

Kelong ngomong: "geus 300 taun ratu bendara kelong ngarangrangan ngarasula can aya nu bisa nyenangkeun.. bari mere katurunan... Nolednad ngawanikeun nanya: "punten kanjeng naha bet kedah manusa nu ngawin nyi ratu?".. kelong ngajawab: "belegug maneh.. kelong mah awewe kabeh deuleu...nu bisa mere kasenangan jeung katurunan ngan lalaki ti bangsa manusa... syaratna kudu kasep... tohaga... jeung bisa nganteur nyi ratu kana puncak kasenangan sapatemon... ngarti siahh?"

Kelong ngomong deui: "bisi hayang nyahoo.. salila 300 taun aing nyulikan lalaki manusa ti unggal juru jagad... nepi ka ayeuna can aya nu cumpon... nyenangkeun ratu bendara... kabeh garagal.. tuh nu dijero sarigsig beusi teh.. lalaki-lalaki nu garagall salila 300 taun... manehna teu bisa baralik deui... salila can bisa nyenangkeun ratu... unggal poe dikilir teu eureun-eureun tapi can aya anu lulus nepi ka kiwari.... nasib ilaing ogel bakal kitu mun teu bisa nyenangkeun ngawin nyi Ratu"...

Kelong ngomong deui: "peuting kamari peuting pamustungan kasabaran nyi Ratu.. manehna nitah kula ngiwatt opat jelema nu kasep jeung wewegg.. rek dipake tarekah panungtungan pikeun nyenangkeun nyi Ratu... lamun salah sahiji bisa nyenangkeun anjeuna...ratu bakal mere kawijaksanaan langka.. nyaeta mere amnesti massal ka kabeh lalaki manusa nu geus diculik supaya bisa baralik kalemburna masing-masing.. lamun gagal.. sabalikna bakal ditelasan dipaehan kabehh moal disesakeun"...

Nolednad masih panasaran: "nyi kelong.. naha atuh kuring diiwat... pan kuring mah goreng... bari jeung awak regung jaba kurang kaparab dahar nu alus.. timana rek cangker bisa nyenangkeun nyi ratu?... kelong ngajawab: "matak sia mah pamaeh... kacingcalang deuleu...gara-gara siaa.. kula dibendon ku nyi Ratu.. marukanteh ceunah kula bilor teu bisa nenjo.. jalu panyakitan bet dibabawa... rumasa kula aya tilu likur taunna teu hees ngorehan lalaki culikeun... ninggang di siaa.. kula teu kuat ku tunduh.. bari jeung sareupna... salah nenjo sugan teh mirupa arjuna... koceplak tehh... blek kurupuk penyon siah..".

Kelong ngomong deui: "Tapi geus kapalang saur Nyi Ratu... bebeskeun wae ceunah rek dicobaan.. lumayan mun gagal jang gahel-gaheleun.. nambah mirasa nyeupah.. jadi maneh ge diabuskeun jadi percobaan najan rada kapaksa.."....

Nolednad nanya deui: "nyi kelong.. sanyaho kuring kelong mah ngan aya dilembur ki sunda... naha bet bisa ngalantrah ka inggris.. amerika.. india.. jeung sajabana?"... kelong nempas: "dasar belet maneh... jurig-jurig deungeun sabangsaning lucifer, vampire, frankeistein.. jeung sajabana ..eta teh kelong-kelong keneh... kelong keur nyamar deuleu... eta teh bangsa kula-kula keneh.. lain sasaha ieuh deuleu... meunggeus tong loba tatanya.. nyi ratu tos teu kiat hoyong dikawitaan.... bararis.. ngantay hiji-hiji siahh.."...

Opat lalaki ngantay bariss payuneun kamar nyi Ratu Kelong... nu kahiji urang eropa tea, nu kadua urang india, nu katilu urang arab.. nu panungtungan ki Nolednad.... lalaki kahiji abus.. samemehna dibere ci anggur heuseuss... duka kumaha.. sok sanajan nyanghareupan nyi ratu kelong nu pikagilaeun.. ujug-ujug pudugdug eta lalaki teh nafsuna mahabu... haroshos jiga banteng rek teuteunggar... sakabeh ngadengekun ti luar... sora enggon ting rarekett.... jeung sora lalaki nu haroshoss tarik... tapi teu kadenge sora nyi ratu kelong saeutik-eutik acan....

Teu lila... sora lalaki jiga seuhah mani tarikk.. jiga nu keur ngabekaskeun kangeunah... disusul.... sora nyi ratu kelong nyeukseukan: "lalaki koplok... teu bisa nu kitu-kitu wae ge.. mantog siah... hiuk gebro... sora nu najong... guprak.. panto kamar.... rungkad.. juralit gedebut sora awak tibeubeut hareupeun kamar nyi Ratu... eta lalaki urang eropa ngajengjehe teu walakayaa.. bari buligir teu benang salambar-lambar acan... manehna kapiuhan bari jeung awak rangsak..

Kabeh nu diluar kamer reuwas kabina-bina...nyorodcod tuur... nyi ratu kadenge keneh murang-maring.... Nolednad ngagerentes na jero hate: "gustiii... eta urang eropa.. sakitu pakakas sagede parabot kuda... teu bisa mere senang ka nyi ratuuu.... haruh kumahaa uraang.. ampun.. ampun.."

Lalaki kadua abus.. parabot india.... prosedur sarua... tingrareket.. sakeudeung.... teu lila jelepung deui aya nu hiber ti jero kamer nyi ratu... leuwihh parahh... kaluarna lain tina panto... tapi tina suhunann.. gupraakk....gorobaassss.... kana dapura awi sisi karaton... dibaroro ku gulang-gulang... kasampak geus nyangsaya.. nyangsang dina pucuk tangkal picung... bari jeung ulutud..parabot aplek-aplekan... kadenge nyi Ratu awong-awongan nurustunjuuunggg... ngan ngotoran... sepre sutra taretes inten kulaaa.... lalaki ngaplek ngadon dibawa kadieu...

Nolednad beuki soak... ret ka lalaki nu geus jadi korban bebendon nyi ratu.. kabeh rangsak teu puguh rupaa.. ditalapung ku suku kelong teaa... gap kana parabotna.. nu ngan saukur sagede cau muli anakna... nyenghel meh sagede indung suku budak tilu taun...."haruh komo aing meureun ancur pisan"... gerentes na jero hate bari pias..

Lalaki nu katilu nu ti arab tea.. malah teu bisa ngadalikeun diri... di titah abus kalahka rek mabur... nojal narajang panto karaton... rek mangpret kaluar... bari ampun-ampunan... atuh dibaroro ku gulang-gulang... bari digarebugan nepi ka ngalehleh... ku soak-soak na... embung nyobaan asup ka kamer nyi Ratu... padahal terang nyalira... kumaha parabot arab...

Tungtungna Nolednad... kudu abuss... manehnaa ngahuleng sakedeng... teu lila manehna nyampeurkeun heula ka kelong nu nyulikna, bari ngomong: "nyi kelong.. bisi kula gagal jeung nyi ratu bendu nepi ka kula palastra paeh teu katulungan... kula aya pamenta pamungkas samemeh abus ka kamer Nyi ratu".... kelong nempas: "menta naon maneh?"... Nolednad: "kula menta ijin dicukur jeung mandi ku cai daun pulus"....

Kelong ngahuleng rada bingung.. mikiran maksud ki Nolednad... tapi teu lila ngomong: "pek atuh..ngan tong lilaa siah"... Nolednad: "yaktos"... Nolednad ngoreleng ka balong karaton... teu sawatara lila geus balik deui.. bari jeung buuk jocrong dicukur pondok... jeung awakna oge bersih... terus dibere nginum ci anggur heuseus tea.... sajongjongan... pudigdig nafsu lalakina mucunghul... nu lalembek jadi jeceng hareuras... irungna sesegor... jiga banteng manggih musuh... blus manehna abus ka kamar nyi ratu... gulang-gulang nu jaga ting serengeh nenjo waruga jeung kalakuan si Nolednad... manehna ting gerendeng: "parabot gajah ge teu walakaya... rek kumaha peta ieu cucunguk rangkebong... geus begang teh jaba menseyaang...."...ah ieu mah pipaeheun ditejeh nyi ratu"... kitu gerendengna teh..

Sajongjongan mah kawas samemehna... ngan saukur sora haroshos lalaki bari jeung enggon ting rareket.... tapi teu lila... sora haroshos lalaki ngaleungit... diganti ku sora nyi ratu kelong nu 'uhh..'ahh... lalaunan tapi siga nu raos... beuki lila beuki tarik sora nyi ratu nu haroshos bari luh lah beuki panjang... sora enggon beuki tarik oyag... sora haroshos lalaki teu aya sakecet-kecet acan... gulang-gulang nu jaraga caruringhak satengah teu percaya...
Nyi ratuu... humandeuar beuki tarik... sora enggon beuki bedas ngareketna... nyi ratu jiga nu teu bisa ngadalikeun diri... ngajerit... tarik tapi semu ngalengis nikmat..." aduuh Nolednad... teruss... deuii... terusss... deuiii.... panungtungan kaluar sora... nolednhaaaadddddddddd.... disusull.. ku... boroboooooottttt... golombrangggg... guprakkkkkk.... enggonn nyi ratuu morobot runtagg ancut burakrakaannn....

Kabehhh nu diluarr surak.... horsehhhh... nyi ratu hasilll... nyi ratu hasilll... gaduh katurunan... gaduh katurunan ...hidup karaton kelong.. hidup karaton kelong.... oge kabeh tawanan na sarigsig beusi surak ayeuh-ayeuhan.. teu eureun-eureun sabab bungah kacidaa... maranehna rek dibebaskeun.. geus aya lalaki nu bisa cumpon nyenangkeun jeung meturunan ka nyi Ratu.... ngaran Nolednad diugung-ugung... disebut-sebut meh teu eureun... manehna jadi pahlawan sanggeus nunggan salila 300 taun..

Singget caritaa... karaton kelong pesta sataun teu eureun-eureun... ngabageakeun binih turunan nu dumuk dina rahim nyi ratu kelong...kabeh tawanan dikaluarkeun tina panjara..diberesihan jeung dibekelan samemeh dibebaskeun dibalikeun ka lemburna masing-masing.. lalaki nu ti arab tea.. teu beakeun mikir.. ngagerentes.. kumaha carana si Nolednad nu ngan sagede menel parabotna bet bisa hasil...

Padahal kabeh lalaki nu leuwih cangker jeung badag teu aya nu manggapulya.... Singget caritaa.., waktu keur gesat-gesut beberengkes rek mulang ka alam manusa... lalaki arab nyampeurkeun ka ki Nolednad, manehna ngomong: "memeh kula balik pisah jeung ente.. cik bejaan kula Nolednad... naon rahasiana sampe ente bisa nalukeun nyi ratu kelong?"....

Nolednad ngan ukur seuri bari curukna nunjuk kana tarang...si arab ngahuleng: "heueuh ngarti kula ge.. maksud ente teh kudu make otak atawa kudu cerdik.... ngan kumaha prak-prakanana...cik bejaan atuh...bieung iraha bisa panggih deui jeung ente.."... Nolednad nyentak: "lain make otak deuleu.... tapi make hulu maneh... abuskeun hulu maneh ... mun perlu jeung awak maneh sakaliann kana palawangan nyi ratu kelong... terus gugulingan dijerona.. samemehna rupusan awak maneh ku ci daun pulus nu gateulll.... mun teu kitu rek kumaha bisa hasill... si Nolednad terus ngaleoss...ninggalkeun si arab nu calangap bari ngahuleng...cag...