Selasa, 21 Oktober 2014

Nolednad Balitungan

Sakumaha nu tos diguar ti payun...nolednad sareng nyi karwiti mulang ngahiji deui..anapon nyi iloh milih nyunkeun ditalak ti Nolednad...tos janten garis nasib gurat takdir....nolednad jeung nyi karwiti nyorang hirup kumbuh nu bisa disebut anyar ngababakan deui...hirup kalayan dina kaayaan barudakna anu geus cageur mulang normal...sok sanajan kabagja henteu buleud kabanda kulantaran nyi iloh nu milih misah...nolednad napakeun harepan nu caang ngabungbulang keur pikahareupeun..enggoning mulasara jeung ngagedekeun nu jadi anak2na..

Kacaritakeun..nyi iloh teu lila satutas ditalak jeung mulang ka kolotna...dipikaheroyy ku hiji lalaki sambada ngarana ki rukijad...ieu jelema sok sanajan perenges teu hade rupa tapi masagi kabisana elmu beladiri...manehna muasal ti hiji lembur nu kawilang jauh..nyaeta lembur tarang boncenang..bawahan kandang wesi meh daerah wates antara rancah jeung dayeuh luhur...manehna amprok jeung nyi iloh teu dihaja basa keur ngalalana neangam buronan upas kumpeni nu mabur ti dayeuh cilacap...memang ki rukijadd katelah jawara nu sakapeung neangan kipayah tina usaha jadi tukang pukul atawa moro buronan nu jarahat....

Sakumaha tos dipedar ti payun...satutas dipirak ku nolednad..aya lalaki nu ngadeukeutan nyi iloh..nyatana rukijad....Mimitina nyi iloh teu pati mirosea basa ki rukijad seurieus ngadeukeutan..lianti lantaran tangtungan kurang pikaresepeun, oge manehna geus kurang kapercayaan ka lalaki..sok komo apan manehna geus lain parawan deui bari boga anak bawaan ti nolednad..apan sok sanajan teu cacap..harita kusi papuket malam pertama..anu terus jetu matih ngabuah budak..pikirna: "lahh lalaki mah euweuh nu teu toloheorr..paling2 ge ka kuring teh ngan mihareup awak kuring wungkul jeung cowet hipu nu ngan sabuntel..moal jauhh tujuan na ngan ukur neangan kasenangan pakakas mintul alias mutu geunyall.."...intina mahh...nyi ilohh apriori jeung tiis2 wae ka Ki Rukijad teh...

Tapi lila kulilaa..ku leukeunna rukijad..saeutik2 hate nyi Iloh le-eh oge...lianti ku sok leukeun mahugi..katenjona bageur jeung "perhatian" pisan..mun mahugi sok ku barang anu lucu jeung regaan..sarupaning sinjang kebat, geulang, suweng,kalung jsb..malah kusi hiji waktu mere sanggul nu alus pisan..can pernah iloh ningali buuk sanggul nu hideung meles jeung rapih model kitu..sihoreng eta buuk sanggul teh dijieuna tina bulu kelek keloong nu kacida hese jeung langkana..ceunahmah beunang ngarabut hese beleke basa rukijad jadi pemburu bayaran newak kelong nu ngarawu budak leutik di bawahan ci bucak jabrigg..manehna kheuseus mesen sanggul dijieun tina bahan eta ka tukangna keur hadiah ka nu geulis nyi ilohh...tungtungna hate jeung tresna nyi ilohh ka-eurad ku duriat ngagedur kai rukijadd...nyi iloh kabandang nu antukna beurang peuting hate jeung pikiranna lengket masket ka rukijad..rukijad teu weleh diarep-arep aya sagihireunna unggal waktu..nyi iloh bener2 tikudawet bogohh ka rukijadd..sok komo aya tambahna..rukijad katingali nyaah ka nu jadi anakna ti ki nolednad..nyaeta jang surandil..budak teh sok dioconan jeung diayonan..nepi ka budak ge apet..malah sok nyebutna ge abah ka ki rukijadd teh...

Nya..akhirna duriat tinepung jeung takdirna...rukijad ngadahup jeung nyi iloh dina pesta rongkahh nu ngaweuhhh nyambuang iberna ampir sanagaraa....rukijadd jawara nomer wiji jatukrami jeung nyi ilohh rangda geuliss kawanti nu rancunit, jeung tangtu seuseut kenehh...kariaan teu ngan ukur diramekun ku pintonan keseniann sarupaning tayub, sintren jeung kendang penca..tapi dipirig oge ku adu bagong anu kawilang panggedena mangsa harita...anemer bagong jeung anjing sa nagara pada mawa begu jeung gogog kokojona sewang2an pikeun dipadungdungkeun dina tarung sato anu rame..ngarebutkeun hadiahh duit salaksa hulden..pleus bonus Bedug indung nu dijieun tina kulit keloong...

Hemeng si raja hemeng...kaheran jeung huleng nu moal imeut ditulis ku mangsi sa-sagara...jauh tina implengan jeung harepan nyi iloh katut anakna jang surandill..oge anggang kacida tina anggapan masarakatt nu nyakseni daria jeung rongkahna hajat rukijad-iloh...rukijad saenyana sihoreng simana horeng beda kacida ti rukijadd nu nyambuang na pikiran nyi iloh jeung umum..ceuk basa malayu mah jauh panggang daripada api..

Sabulan sanggeus ngawin nyi iloh, rukijadd mulai tembong talajak aslina--manehna sihoreng hampang leungeun jeung kejem tegaan--rupana teu jauh tina pasipatan dunya kahirupan manehanana nu pinuh ku laku heuras jeung panandasa--teu kaop aya kasalahan atawa katugenah sok terus merepet kana cacabok jeung meupeuskeuyang ngabantinkeun barang--atuh meh unggal minggu pasosore sok mindeng kareungeu ku tatangga brug-breg balagbag ditenjrag, sora brong-brang parabot dapur dipangpengpengkeun, jeung sora nyi iloh atawa jang surandil ngagoak nu disusul ku ngabangingik--kolot jeung duduluran nyi iloh teu bisa majar kumaha, da saurang ge euweuh nu wani nguntupan ki rukijadd jawara kawak tukang moro andar-andar sakti nu can pernah kasor nepi ka kiwari--petetan kapalang geus jadi tangkal, iwung kiwari geus jadi awii, alias kejo geus jadi bubur, dalah dikumaha nyi iloh teu bisa mundurkeun waktu malikeun deui nasib--"duh gusti meni asa kabina-bina teuing si rukijadd teh talajak nyangsarakeunana, mun bisa malikeun deui nasib ka baheula, teu sudi najan sacongo buuk aing dikawin kumanehna..deudeuh teuing surandill anak ema..anjeun nu masih bau cikur sok jadi kabarerang ku amarah manehnaa...hampura ema kasep geus salah mawa lengkah.." kitu ceuk nyi iloh bari ngurubut ci mata bakat ku nalangsa..dina mangsa tengah peuting nu simpe..bari neuteup anteb ka beunget anak wiji2na surandill nu karek bisa sare sanggeus dicabokan ku bapa terena nu telenges..teu pira pedah ngaragragkeun piring seng teu dihaja..ngaga reuwahkeun kai rukijadd nu karek ngalenyapp sare..

Masalah ieu..ku kerepna kajadian nu meh ka pola jadi kabiasan..tungtungna nepi ka ceuli nolednad..asup taun katilu nyi iloh bumen2 jeung rukijadd, nolednad beuki apal jero kalakuan barangasan rukijad--manehnA sok ngahaja rerencepan tunyu-tanya ka warga lamun kabeneran keur ngiangkeun parabot dapur ka lembur nyi iloh, atawa nanya beja ka tukang ngiang2 keun barang ti lemburna nu kabeneran nuju atawa ngaliwat ka lemburna nyi iloh--nujadi matak karerab hate tugenah rasa, utamana kalakuan kasar rukijadd ka nu jadi kokocoran getih manehna, nyaeta jang surandill--manehna sokk terus ngaheabb teu narima lamun ngadenge jang surandill di siksa ku ki rukijadd--kadang sokk timbul niat nekadd rek nyanghareupan ku cara lalaki ka ki rukijadd, naon wae risiko nu bakal kajadiaan--ngan sok tara kalakonan wae, sabab nyi karwiti sok merod ngahalangann, hariwangg nolednad cilaka gede teu bisa mulang deui alatan ditandasa ku ki rukijadd....

Toss ninggang mangsana nu utama..nolednad kudu ngabekaskeun ikhitiar jeung kabisana ngabela nu jadi anakna...kukajadian luar biasa nu tumiba ka surandill--hiji mangsa sakumaha ilahar, jang surandil narima panggitik ti rukijadd ku perkara teu sabaraha--ukur lantaran rada talangke ngumahkeun hayam pasosore, manehna dicarekan lak-lak dasar ku rukijad bari teu kaliwat di pangpeng ku rantang ase cabe nepi keuna kana tarangna bari mawur cabena kana hulu jeung beungeutna---atuh budak teh lianti ngagerung nyeri tarang nepi ka nongnong oge peupeureundeuyann nahan peurih panonn karupus ku panasna cabe-- manehna ceurik lumpat ka indungna nyi iloh bari terus nyuuh--nyi iloh ngan bisa ngupahan bari milu rambisak ceurik, nalangsa ningali kanyeri anakna.

Sanajan budak, surandil geus kaasup hideng, manehna oge ngawaris sifat keuteur, teuneung jeung oge jail ti bapana nolednad---manehna peuting eta mah ngunek2 kacida, teu tarima ku lampah kai rukijadd---manehna gilig hayang ngawales kana kalakuan ki rukijad peuting eta--manehna muter utek kumaha carana ngalaksanakeunana. Nu jelas lain ku gelut nyekel sabuk milang tatu, sabab tong boro pangawak budak, apan pangawak jebrogg ge euweuh nu sanggup nguntupan kadugalan ki rukijad...

Wanci sarereh budak..kalayan teu mere semu ngarasa salah..rukijadd nyalukan surandill: "surandil kadieu siaa..bantuan ngaing"...sorana semu ngagorowok. Surandil ngorenjag hudang...reuwas terus nyampeurkeun ka tepas...bari jeung masih teu puguh rasa ngararasakeun nyanyautan nongnong na tarang...surandil: "a..aa..yaa..naonn abahh"..bari rada ngeleper...rukijad: "kadieu siah..ieu pangnyabutkeun bulu irung aing nu geus bodas huisan...montong dicabut nu masih hideung mah..bisi digampleng ku aing"...rukijad mere parentah nyenghor..bari katingal ku surandill, si ontohod jiga rada lelenyapan tur calangap heuayy, rupana teu kuat ku tunduhh...surandil: "mangga abah"...bari ngagerentes, "kolot koplokk, geus nyangsara aing terus nitah nyabutan bulu irung..na lain cabut wae ku wewelek sia"...ukur na jero hatee..

Surandil andeprok gigireun rukijadd bari terus nitenan irung rukijad nu nambru bari jeung pajejel ku bulu irung nu cokrom..sabot nyabutan bulu irung huis ki rukijadd..kareret kumanehna dihandapeun balagbag carang tempat manehna andiprek, beuheung hayam nu tadi kumanehna diumahkeun ngajarulaeu bari mencrong ka manehna, siga nung mangarunyakeun ka surandil nu teu eureun dikakaya ku bapa terena...sajongjongan surandil ngahuleng..tapi terus manehna rada nyerengeh males neuteup ka hayam ingon2na nu malencrong tina kolong balagbag...manehna neruskeun hanca nyabutan bulu irung rukijad..anu jinisna mah geus tibra sare bari kerek nyegrekk..matak katorekann..

Isukna surandil hudang rikat..sakumaha biasa manehna rek sholat subuh di tajug sabeulah bari tuluy ngagebruy pecalan boledd nu keur meumeujeuhna sirungann..di kebon teu jauh ti imahna...kadenge ti pawon rukijad gundem jeung emana nyi iloh: "nyi cik atuh beresihan dapur teh jeung ulah sok molongo panto dapur teh..ieu bau-bau teuing tai kotok teh...ulah diantep hayam ngadon ngarising didieu...nyi iloh: ngan aya 2-3 kecrot paling ge Kang bari jeung geus garing..biasana ge kieu..bari jeung teu kaambeu-ambeu acan ku kuring mah"...bari terus nyi iloh nyeumpalan tai kotok nu aya di juru pawon...rukijad: "tapi meni banget2 teuing atuh baunaa..ampunn..sigana hayam geus nyatu waduk jelema sugann..? Meni mabek kieu.."...nyi iloh: "boa pedah irung akang tadi geus dicabutan buluna ku surandil..jadi ngaremplong nu balukarna aambeuan akang jadi leuwih seukeut..." rukijad bari semu ngahuleng: "heueuh sugan..?"..

Rukijadd terus ngaleos muru ka kebon rek ngaroris cai...bisi aya kapendet..nyi iloh terus kaprak-keprek di pawon..nyiapkeun idangan jang mumuluk rukijad jeung anakna mulang ti kebon...heuleut satengah jam..teu pupuguh jeger panton pawon aya ngadupak satakerna...nepi ka coplok engselna,pantona mabeng kajero meh nele kana awak nyi iloh nu keur niupan seuneu make songsong awi..."koplokk tehh naha tai hayaam teh bet diantep ambarayah di imah..ieu bauna banget pisann nepi kaambeu ka kebon...iloh ari sia teu ngadenge omongan aingg..? Ari sia teh torekk?" Kadenge sora rukijad ngagantawang..

Nyi iloh nempas: "Kang sing eling..euweuh tai kotok di pawon mah..titadi ge geus dibersihann..aya oge dikandangna handapeun balagbag imah tuhh di hareup..tapi da biasana ge euweuh masalah bauna tara tepi kadieu..pan dipipinding kerep..bari dihandapna pan balong....bisi tadi dikebon akang kakotoran tai kotok na baju atawa na awak...ulah waka ngahareupkeun nafsu..anggur mah mandi terus ganti baju..." ceuk nyi iloh bari ngeleper siga nu sawan...diomong kitu rukijad ngahuleng sakeudeung terus..ngaleos ka beh sumur bari ngajewang kampret nu ngagantung sisi panto pawon nu geus coplok...

Sabot hog-hag kitu surandill geus datang ka imah..ngan teu wani asup..manehna ngahephep dipipir..biraraeun ngadangu bapa terena gagantawangan ka indungna...gerentes surandil: "hakan ku sia tai kotok teh aki2 telenges"....teu lila ki rukijad ngagidig asup deui ka pawon reres mandi jeung geus ganti baju...ngan ngagantawangna kalah ka beuki rosa: "koplokkk si surandilll kamana eta anak sia nu nurustunjung teh ilohh..? Kuaing kudu diwarah beak karep...cucungah kacida ka aing...dimana sia surandill..!!!!!???

Nyi iloh:"aya naon deui atuh Kang...si surandil mah ti tadi pan keur ngagebruyy ka kebon.." jeung naon kasalahanna...da masalah bau tai kotok mah pan taya hubunganna jeung manehna...nyi iloh ngomong bari ngeleper soakk...sabab ki rukijad ngagantawang teh bari muril2 perah bedog na cangkengna nu teu pernah lesot dibabawa....rukijad: "justru si ontohod surandill nu boga alpukahh deuleu...paingan kamana-mana bau tai kotok mani biuk kacida kaambeu bae teu leungit2...ngaing geus mandi jeung ganti baju ge teu ngaruhh...da tai kotok na aya jero irung ainggg ilohh....anak sia burungg...irung aing diasupann taii kotok tadi peutinggg...tai kotok nyayang na babangus aing..tahhhh deleh ku sia kalah geus gariing...!!!!!.rukijad nembrakeun dampal leungeun nembongkeun dua guruntul tai kotok nu geus rada mawur...bari terus dibabetkeun kana beungeut nyi iloh..

Rupana..tadi peuting basa keur nyabutan bulu irung huis ki rukijad...surandill meunang bongbolongan teu dihaja basa menehna adu teuteup jeung hayam dikolong balagbag...manehna nyoel tai hayam baseuh ku congo nyere tiluhur..turus ditotolkeun saeutik2 kana jero liang irung rukijad kenca katuhu..sanggeus rada loba kumanehna diantep tuus dijero...atuh geus tangtu bau tai kotokk nu biuk kacida teh nempel sing rek kamana wae rukijadd inditt..masing mandi diruru ku cangkang kadu 7 poe 7 peuting ge moal leungit eta bau tai kotok tehh...
Da..apan nyayang na jero babangusna pisann
Cag..

Tos dipedar tipayun, rukijad murka rohaka sabab tos dijailan ku surandill anak nyi iloh, diasupan tikotok ledok kana jero irungna nu nambru siga balukang nangkub..manehnaa cocorowokan neangan surandil bari sagala ditajong--nyi iloh bati ngayekyek siga nu sawan ningali polah rukijadd--surandill nu aya dipipir imah ngahephep, tambah sasah, lampahna geus kabongkar ku rukijad--manehna ngajengkat rek indit ngajauhan--ngan orokaya, sok sanajan teu katenjo ti jero imah, rukijad nu mucung pangaweruhna bisa ngarasakeun aya nu usik dipipir, "saha eta nu dipipirr...montong indit siahh..!!!!

Hiuukk..jelepung..gebross...siwurr ngapung nepus bilik imah nepi tobros..ampir nyamber tarang surandill...untung manehna rikat ngagiwarr, siwur ngantem lespang kandang embe, nepi ka siwur ajur,lespang ge semplak...teu talangke deui, berebet surandill lumpat mangprett sataker kebekk..nyingkahan rukijad anu ambek gedee...

Gajlenng..gebruu..boroboott...rukijad luncat ngabelesat nobros bilik pipir imah nepi dobol..belesurr manehnaa lumpat ngudag surandill nu geus ngabecir ka beulah kalerr mapay galengan muru ka lebah pasir dengkak anu hieum jeung rembet---rukijad nepak bujur bari mapatkeun jampe ajian kidang kancanaa--ajian sangkan bisa lumpat ngabelesur jiga kabawa angin, manehna hayang geura sagep-gepeun nekuk surandill nu lumpat notog2 keun maneh dihareupeunna---bari mangpret surandil rurat reret katukang--kumanehna katenjo rukijadd ngudag ngabelesur siga jamparing, beuki lila beuki ngadeukeutan manehnaa---dinaa kecepatann penuhh,mun make sapidometer mah sigana kana 200 km/jam rukijadd nyeak rek nyamber surandill nu lumpat geus sataker kebek..nepi ka sukuna muih siga kolecerrr...mirip lumpat dakocann....

Kira-kira 5 deupa deui leungeun rukijadd rek nekuk beuheung surandill---surandil nepak bujur bari mapatkeun jampe ajian cawet tikudawet, ajian pikeun ngerem lumpat kalayan pakem kacida, waris ti akina ki jalumpang tea, teu sakara-kara..ngan cekiiiiiiiiiiiiittttttt waeh manehna eureun ngadadak pakemm kacidaaa...bari cong waeh manehna dongko meh atel kana taneuhh----rukijaddd reuwasss boroanna ujug2 ngerem ngadadak, manehna keur ngabelesat dina kecepatan penuhh..teu kaburu ngeremm---belesurr awakna nyerepet ngeplos ngaliwatan awak surandill nu geus eureun lumpat bari ngadepong, lengena kalah ka nekuk anginn, bari awakna labasss teu bisa dikadalikeunn...gedebuttt...habekkkk...3 tangkalll cau rabuhh kaleled kuawakna...guprakk..jebroodd..2 embe...hiji sapi mangpeng katabrakk ku awakna nu ngabelesur...gorobassss...gedebutt....awak rukijaddd nyamber pager humaa sisi jungkrangg...terus ngagedebutt nyangsaya dina hunyur awii anu rembett...geus kitu mah karek manehna bisa eureun lumpat bari nyangsayaa...

Surandilll nguniang hudang..kareret kumanehnaa..rukijadd labas terus ngagedebut na hunyur awii...teu talangke buru2 manehna malik ka katuhu, bari nepak bujur deui mapatkeun ajian torolong bagong, pamere ti nolednad nu jadi bapana, ngan..belesurrrr waeh awakna nyeak lumpat tarik kacidaa ninggalkeun rukijadd nu masih nyangsaya di sisi jungkrang---surandill geus teu luak-lieuk deui lumpat sakalumpat lampet hayang inditt kabur sajauh-jauhna ti rukijadd---belesurrr... gorobasss... seakkkk....gorobasss...surandill nyerepet jiga angkot ciwastra-cibaduyut nu keur diudag pulisi...kutarik-tarikna lumpat 3 pasir diliwatan ku manehna ngan 10 menitt--surandill beuki ngajauhan rukijadd...

Sanggeus lumpat kira2 sa jam teu eureun2...surandill ngarasa yakin geus jauh ti rukijad nu telenges-- manehna karek eureun lumpat..terus reureuh bari ngarasakeun kacape anu poharaa--sanggeus kumpul pangacian karek manehna sadar kana kaayaan waruga sorangan--ditenjo teh estu rangsakk kacida, baju jeung calana soeh rubat-rabet, awak jeung suku pareurihh kacida..lantaran loba tatu urut kageurihh ku eurihh jeung rangrang seukeut..."rukijadd nurustunjung, ku lampah siaa aing jadi ripuh kawas kieuu.." kitu gerentes surandill..

Saatos mabur satekah polah..surandil hasil leupas tina kungkungan ki rukijad nu kejemm---sanggeus ngarasa aman manehna reureuh mupul deui tanaga bari ngararasakeun rangsakna awak---bakat ku capee..teu karasa manehna less waehh kasareann dina handapeun tangkal kihujan bari ngajengjehe nyangsaya dina sela2 puhu akar kihujan nu buleud tangkalna meh sagede beuteung munding...sare meni kutibraa..kereknaa surandill patembalan patarik-tarik jeung raeng sora tonggeret wanci poe kasareupnakeun...

Surandill ngulisikk, bari rada samar2 ngadenge kumanehna aya sora suku lajag-lejeg ngorosak nincakan kararas siga nu leumpang bulak-balik deukeut manehna bari dipirig ku sora nu ngagerendeng ngobrol..

barang surandil beunta manehna nguniang hudang reuwass, hareupeun manehna geus ngabejega dua dedeg jangkung badag, beungeutna goreng bari rawag riwig..eta dua jelema mencrong ka surandill bari biwirna renyad-renyudd siga nu boga kasakit saraf. Dua jelema aheng eta teu ngomong sakemek-sekemek acan. Ukur mencrong surandil bari terus renyad-renyudd--bari pupuringisan surandil ngawanikeun nanya: "saha anjeun?" bari mencrong ka dedeg nu biwirna jebleh rada ngambay jeung sungutna semu ngangah--manehna ngajawab: "ngaran sayah aban baham carawak".....surandil ngareret ka nu hiji deui, nu ieu mah biwirna nyunghid manyun kacida, karek ge rek nanya ngaran, eta nu hiji deui ngajawab bari nunjuk kana dada sorangan: "utun cungur purunyuss"...pok na nyebutkeun ngaran..

"Kunaon silaing duaan ngabejega ngariung kula...kula teu wawuh jeung teu boga masalah jeung aranjeun"...omong surandil bari cingeus waspada bisi dua mangkeluk deleka----nu ngarana aban ngomong: "sayah ngahaja ngadatangan anda sabab raja kalayaksa nyabda aya jalma nyangsaya handap tangkal alatan nyanggap kala jahat jalan bapana yang haramjadah.." nu ngaranana utun, nempas: "uhun..ku tutuduh puhun gunung punjung..subuh-subuh kudu turun tuturubun nyurungkuy rungkun kudu nulung nu butuh.."

Surandill ngahuleng..."paingan tangtungan pikagilaeun kitu, rupana ieu demit sekeseler kalayaksa.." nuhiji jebaw carawakk dan ngomongnaa ngan calangapp teras..nuhiji nyunghid manyunn..da ngomongnaa ngabiwir mancung terus...na rek nanahaon bet ngahinaskeun manggihan kula..majar rek nulung.." gerentes surandil..

Surandil nanya: "katampa ku kula pangbela anjeun..cik atuh kumaha carana ilaing nulungan kula ti bapa tere kuring nu telenges?" Kalayaksa aban: "Bapa haramjadah anda ngabanda pangawasa badag taya papadana..can aya lawan bakal mapakan...bahaya bakal sangsara kasadayana...ngan raja sayah yang bawa cara maragat lampahna.." surandil curinghak: "tah-tah kumaha atuh carana kang kalayaksa....heueuh sakti pisan bapa tere kula teh..mun ilaing bisa mere bongbolongan pikeun meruhkeuna..kula jeung ema kula bakal nganuhunkeun pisann.."

Kalayaksa utun: "uhun..buru-buru mupu dukuh gunung tuluy..tutup ku dudukuy muru buruk..ditempas deui ku kalayaksa aban: "nah..bawa ka panday..asah kana pakarang jang nyacag..pas makalangan..plas..plas...kana taarna..jangan cangcaya bapa haramjadah anda akan kalah tanpa daya.." surandil nanya: "bener ieu teh? Guning teu susah saratna..?" Aban: "ya jangan cangcaya"..utun: "uhun.."

Sangan jangan calawak...singget carita...eta dua kalayaksa mulang deui ka nagarana...surandill,buru-buru indit ngalaksanakeun eta bongbolongan kalayan teu diengkekeun deui...najan peuting beuki jempling jeung ngolotan..manehna miang ka tungtung gunung punjung..rek neangan dukuh gunung nu dituduhkeun ku kalayaksa keur wasilah nalukeun rukijadd, nu pohara kasaktiana..

Memeh tengah peuting surandill geus meunang rungkun dukuh nu buahna leubeut meuhpeuy..atuh bungah kacida manehna...terus terekel waeh manehna naek, buah dukuh ting burusut ragragan dipupu dioreg-oreg ku manehn...pas wanci tumorek, surandil reres ngawadahan dukuh gunung, meunang dua karungeun--sabenerna jang syarat ngarupus pakarang mah teu kudu loba, dua ranggeum leungeun ge cukup. Tapi ceuk pikir surandil sakalian wae ngala jang dahareun jeung bawaeun, da dukuh gunung amis jeung ngeunah pisan apan..

Surandil turun gunung mawa dukuh pisarateun. Manehna geus mutuskeun pamolah, rek indit ka lembur bapa pituinna, nyaeta nolednad di dukuh legok hangseur. Manehna rek tatahar kakuatan jeung mancegkeun syarat nalukeun bapa terena di lembur nolednad..manehna oge boga pikiran, mupul daya di dinya bakal leuwih tohaga, sabab bakal kabantuan ku nolednad jeung bah jalumpang anu kawentar oge salaku jawara..

Datang ka lembur legok hangseur, teu sirikna surandill dirawu dipangku ku nu jadi bapana nolednad. Nolednad anu salila ieu teu weleh melang, ngarasa leuwih tenang sabab surandil ayeuna aya sagigireunna. Manehna ngarasa leuwih kawasa jang ngajagana bisi sawaktu-waktu aya maung ngamuk gajah metea nu bakal ngabahayakeun anakna, utamana nu datangna ti kai rukijad. Nya kitu deui bah jalumpang nu jadi akina, oge milu bungah..jeung ngarasa leuwih percaya diri lamun sawaktu-waktu rukijadd nyieun pucuk ti girang..nyiar2 piributeun..

Kocapkeun, dilembur nyi iloh, tisaprak gagal ngudag jeung newak surandill, rukijadd teu eureun2 neuteuli jeung ngabarerang---harga dirina salaku jawara tanpa kasor asa ditincakan, lantaran teu hasil newak budak satepak---menehna gawena amuk2an sapopoena. Anu jadi sasarana nya nyi iloh jeung barang pangeusi imah. Ampir unggal poe kadengena brong brang jeung aya nu ngabangingik di imah nyi iloh..rukijad ngan mungsrang-mangsring ngabekaskeun amarah nu teu tuus-tuus---tungtuna rukijad ngajam manehna bakal ngudag jeung newak surandill nepi kapanggih--kulantaran sugih pangarti kadugalan, rukijad bisa ngimpleng yen surandil teh ayeuna aya jeung Bapa pituinna nyatana nolednad. Manehna geus mutuskeun rek meresan surandil jeung bapana sakalian di lembur legok hangseur. "Kuaing dicangkalak sakalian jeung aki katut bapana"..bila perlu salembur legok hangseur kuaing bakal ditumpurkeun.." kitu gerentes rukijadd kalayan percaya diri. Nya por rebo kaliwon rukijaf ngagejlig indit rek ngajorag lembur legok hangseur, bari rek nyangkalak surandil anak terena. Manehna indit kalayan samakta pakarang..bener2 siap adu elmu nyekel sabuk milang tatu..

Euhh waktosna seep aceuk...dugi kadieu heula..ieu carita nolednad balitungan sakedap bade jucung..tambih seru tambih rame...insyaAllah enjing urang tamatkeun...aceuk ita, nyi dewi karwiti, nyi nia iloh sareng sugri sadayana....

Dongeng dugi ka nalika rukijadd miang ti lembur pasir bulistir muru ka lemburna nolednad, nyaeta lembur legok hangseur. Nujadi maksud taya lian rek nyangkalak jeung ngawarah jang surandill, nu dianggap geus cucungah kaleuleuwihi ka rukijad. Ku rohakana amarah rukijad, manehna moal ragu rek nelasan sing saha wae nu rek ngahalangan pamaksudanana.Rukijad estu percaya diri leber wawanen bakal bisa ngungkulan saha wae nu wani patelak jeung manehna. Malah mun kudu gelut dikereyuk salelembur ge rukijad geus siap jeung nguntup kacida...

Sanggeus leumpang dicampur lumpat mapat aji kidang kancana, ki rukijad nepi ka tungtung lembur legok hangseur nu mangrupa pasir, katelah pasir gadabah. Tidinya katenjo kumanehna rentulna suhunan imah jeung jajalanan lembur anu ngembat kaunggal madhab. Oge katenjo jalma nu lalar liwat keur muru urusana masing2. "urang legok hangseur geura kaluarkeun jawara dugal maraneh. Hareupan kaula nu bakal nubruk ajur sing saha nu kumawani ngahalangan kaula mepeg si surandil".....Kitu ceuk gerentes Ki Rukijad..manehna semu nonggeng saeutikk, teruss kunyam-kunyem bari peureum, kelepak2 nepak bujur 3 kali, "seduttttt" teh mejus meni tarik pisan..teu lila ujug2 belesur rukijad luncat ngoleang jiga nu ngapung...cleng-cleng manehna acleng-anclengan dina pucuk tatangkalan, luluncatan hampang pisan siga simeut, tina tangkal ka tangkal muru ka teoh pasir ngadeukeutan lembur nolednad. Rupana rukijad ngaluarkeun elmu aheng nu jarang dipiboga, nyaeta elmu juliweng-juliweng ajret, elmu meunang tatapa dibere ku siluman bajing nu nyiruruk di sedong bujur camukmuk..

Heuleut sanapaseun munding edan, rukijad geus nepi di buruan imah nolednad. Manehna rada hareugeueun, nenjo didinya geus rempeg dedet ku jelema. Panghareupna katenjo aya dua lalaki jebrog keur ngabejega bari medengkreng, siga nu ngahaja rek mapag pasea jeung manehna. Rek teu kitu kumaha, duanana make pangsi hideung meles, diiket barangbang semplak bari nyoren bedog panjang dina cangkengna. Sanggeus ditelek-telek singhoreng, dua lalaki eta teh bah jalumpang jeung ki nolednad..rupana dua jelema eta ge lain jore-jore. Ku jerona elmu kadugalan bah jalumpang jeung nolednad, maranehna geus bisa ngambeu tianggalna kadatangan ruKijad nu rek ngajorag lembur legok hangseur..

"Hehehehe...rupana ilaing geus nyiapkeun pasamoan jang mapag kaula euy..? jalumpang kunaon salelembur meni dikeprak tepi ka bukur2na...? silaing teu wani bitotama hiji lawan hiji jeung aing? ceunah ilaing tehh jagoo ditatar huluwotan palangkakan karadak..? naha bet borangan kitu euy?"...rukijad kukubuk bari semu ngoa nganggap remeh...kitu nateh bari jeung sedat-sedut hitut murubut teu eureun2...rupana pangaruh elmu juliweng2 ajret nu karek dipapatkeun ku manehna masih aya keneh...mun dina elmu pasawat mah..mesin turbona bebelutukan keneh sok sanajan jejendil on/off na geus dipaehan..

Sok ke heuseus dilatih...mung saratna teu kenging nganggo raksukann....kanggo istri....kanggo pameget mah kedah kersa ditalapung teu liren2...

Bah jalumpang..kekerot bakat kuambek..."montoong loba bacot siaa..!!! Bah jalumpang nyorowok bari jelepung luncat meberkeun suku katuhuna..suku kenca nilep siga posisi bruslii gingkanga...dampal suku nu katuhu..teu pupugug ngajerebebeng ngagedean sagede tampir..bali ngabelesur muru beungeut rukijad....rupana bah jalumpang langsung ngabekaskeun salah sahiji ajian kokojona..nyaeta aji tejeh kuda begerr nu geus kakoncara di dunya pasilatan...eta tejehan boro2 jelemaa...badak reuneuh ge bisa kaluron mun keuna ku eta tejehan...ck.ck.ck.

Kalayan sakilat kacidA..estu hese dituturkeun ku tetenjoan...teuing make gerakan naon, ki rukijad ngejat bari semu gigibrig saeutik...ujug2 juralitttt gedebuttt....bah jalumpang ti bubeut kana lemahh...bari posisi ngajapapang siga budak labuh ngadapang ragrag tina tangkal. "Hanyuuuuuuuuuhhhhh....nghhheekkkk..." kadenge sora bah jalumpang humareguung...

"Hahahhaha...naon tateh jalumpang? jurus budak bau cikur bet dibikeun ka uing...naon tateh jurus kudu ngisang..? hahahaha.." ki rukijad babarakatakan bari ngoa kacida...nolednad nu titadi nalingakeun bari jeung waspada...luncat tarik bari ngajorowokkk...."tandeannn panggitik kulaa rukijaddd...." lengen meber kahareup..suku meber katukang...meh mirip laku supermen hiber....lengeunaa nu meureup bulud..nojo kana hulu angen rukijad...rupana nolednad oge langsung ngaluarkeun elmu, nyaeta aji katil notog...nu kacida ngaruksakna mun keuna  ka jelema..kusi waktu keur bujangan nolednad neunggeul jelema make aji ieu, balukarna parna pisan...nepi ka diubarana dibawa ka singapur..

Singgetna..rukijadd bener2 digdayaa...sakitu bah jalumpang jeung nolednad geus mupugkeun pangaweruh nepi ka bukur2na...manehma teu manggapulya..ditambah dirintug ku urang legok hangseur salelemburr...oge teu aya teurakna meruhkeun rukijadd...kabeh galempar ngagaloler kasorann di gitik ku rukijadd..sok padahal manehma ngan sorangann..

Sanggeus kabeh kasorann...kalayann bari babaratakan pinuh ku sombongan...rukijadd...kukubuk "surandilll kadieu siah wewelek...ku kula diwarahh siahh...rek lumpat kama maneh?..sing katungtung nagara kutang nangkub ge ku kula bakal kacerek siahh...montong wani2 nyieun perkara jeung kai rukijad jawara tanpa kasorr...hahahaha"..

Surandill keur ngayekyek jeung nyi karwiti di juru tepas...manehna soak kacida..aki jeung bapana nu jadi benteng pananggeuhann pamustungan geus walakaya ngaharrupan dugalna ki rukijadd...hiji2na harepan manehanana..taya deui bongbolobgan ti kalayaksa aban baham carawak jeung kalayaksa utun cungur purunyus...surandill ti tadi ge geus ngeukeuweuk bedog seukuet nu geus dirupus dukuh buruk puruluk gunung punjung...."emhh tinggal ieu harepan uing...mun teu campleng tiwas kabeh kulawarga uing" kitu gerentes surandill

Surandill ngeteyep ka pipir imah..bari neangan melengna ki rukijadd...sabot rukijadd keur lelenggakan seuri bari ngararasakeun amisna meunang gelut..gajleng surandil luncat sataker kebek, bari nyorowokkkk.... "ciattttttttttttttt".. "belentrang" belentrang"......hiukkkk gebroooo....gedebutttt.."...kasampak surandill geus nangrak bengkang na lemah..bedogna nu seukeut kalahka bingkeng...jeung sora rukijadd seuri babarakatakan kalah beuki tarik...tarangna nu ditampol ku surandill teu cecel saeutik-eutik acann..surandil ngagerentes: "koplok ngawadul sugan si kalayaksa carawak jeung kalayaksa purunyuss tehh?"...naha bet teu teurakk bedog nu geus dirupus dukuh buruk tehh?...aduh gusti tiwass...tiwass ari kieu mahh....surandill pupus harepann..

Rukijadd ngajengkat bari kerewek beuheung surandil dicekek ku saleungeun, leungeun nu kenca...surandill geus pupus harepan..ret ka aki jeung bapana, nolednad, ngagaloler bari humarurung nahan kanyeri, geus teu bisa diharepkeun..."duh gusti meureun geus titis tulis abdi paragat poe ieu dina leungeun rukijad..nyanggakeun sadaya-daya gustiiii..." gerentes surandil bari muringis jeung reumbay cimata..manehna geus pasrah mun kudu nepi pondok umurr..

Rukijadd mencrong seukut ka surandill, bari ngangkat leungeun katuhu ancang2 rek neunggeul surandill...rukijad ngunyem mapat jampe..langeuna jadi burahay jiga ruhayy seuneu...surandill muringis sieunn...terus peureum.. kaligane..."habek..habek..habekk....rukijadd burung telengess..rek dikumahakeunn anak aing...siaa tehh kejem2 teuing..."...aya sora awewe nyeuleuweung rawah-riwih bari buk-bek neunggeulann rukijadd ku halu sagelempengannn...rukijad teu jadi rek neunggeul surandill...manehna ngarandeg bari ngareret ka nyi iloh nu keur pakepuk neunggeulan manehna....manehna teu riuk2 diteunggeulan halu tehh...kalahka nyerengeh siga nu ngeunah dipencetan..

"Halik sia iloh.." bari ngagebess nyi iloh.. jengkang nyi iloh labuh, tapi haluna mah teu lelesot dicekel pageuh..pas nyi iloh labuh...ujug2 gerung rukijadd ngagerung.."aduhhh tobatt"...bari semu deku tur nyekel tarang....nyi iloh buru2 ngajengkatt deuii...hudang..ku aneh disusul deui ku ngajorowokna rukijad siga nu nyeri 'aduuuuhhhhh"......

Nyi iloh semu ngahuleng...na aya naon rukijad ujug2 ngagerung nyeri padahal teu keur ditenggeul...? Justru keur bukbek dteunggeulan ku manehna oge samemehna ku jalma salembur manehna teu kerel2....nolednad ge nu keur ngagoler kasor..rada curinghak ningal galagat rukijad kitu..jajauhaneun rukijad teurak digitik sok komo bari ngagerung nyeri mahh...nolednad hemeng tp bari bungah, boa2 rukijad kaguar apesna..

Nyi iloh nyebrut deui ngahapuk rukijadd ku halu..malah ayeuna di bantuan nyi karwiti nu nyerbu make siwur gagang kawung...rukijadd mulai pakupis..surandil dilesotkeun...manehna ngagebes nyi iloh jeung nyi karwiti..duanana tijongklok..nepi nyingsat sampungna...ana "aduhhh tobattt"....rukijadd ngagerung tarik pisann...siga nu nyerii...."lakadalahhh"..meni ampir bareng nolednad jeung nyi iloh ngagorowokk.."kapanggih euy"...ceuk nolednad...ditempas ku nyi iloh..."bener kang kanyahoan ayeunamah apesna si mangkeluk rukijadd.. tehh..

Rukijaddd semu reuwass rusiah apesna kabongkar...buru2 nyerenteng rek newak nyi ilohh...ngan orokaya...nyi iloh buru2 nyingsatkeun sampingnaa...boleklak pingpingna ngaburinyai katojo panon poe.."aduhhh tobatt"...rukijadd ngagerung siga nu nyeri bari ngagedebut....sabot keur tibeubeut..jebrod2 diteunggeulan halu jeung siwur ku nyi iloh jeung nyi karwiti...gerung2 rukijadd ngagerung...rukijad papuket gelut dikepuk ku nyi iloh jeung nyi karwiti..nyi karwiti jeung nyi ilohh pakupis neungeul bari jeung nyiklak2keun sampingg...unggall rukijadd hudang rek nyerangg..buru2 duanana nyingraykeun sinjangna bere nompokeun pingping jeung sabudeureunana ka rukijadd...goakk rukijadd ngagoak siga nu nyerii..sabot kitu jebrod2 diteunggeulan ku dua wanoja cengceman nolenad tea....kitu jeung kitu...rukijadd jadi bulan2an..

ngan orokayaa..sok sanajan geuss diteunggeulan bari diburisat2keun daerah bujal kahandap..si rukijadd tehh teu daek nyerahh...manehna masih gugurinjalan ngalawaannn...nyi iloh jeung nyi karwitii lila2 suda tanaga hah..heh..hohh..jeung gelut teh ieu mah asa ku ripuh pisan karasana...da mun direret ti kajauhann mahh...sigaa nu keur kariaan joged beuteung atawa tari perut...rek teu kitu kumahaa...halu jeung siwurr pakepukk bari bagilirrr jeung pakupis nyingsatkeunn samping terus ngageolkeun jeroonaaa....ampuunn ripuhhnaa kalah nyeri cangkengggg...."tobattt ripuhhh" gerentes nyi iloh jeung karwiti..

Ku cape natakuu..nyi ilohhh jeung nyi karwiti semu haruwas-harewos ngabadamikeun carana mungkaskeun gelut teu puguh jeung rukijadd...basa rukijadd ngagerung bari rek nguniang deui...ka tenjo ku nolednad nyi iloh jeung nyi karwiti trek ku dua leungeun..jiga tim poli nu rek asup ka lapangan...kadenge sora nyi karwiti ngajorowok ka nolednad: "kang ulah nenjo kadieu..peureum heula..si rukijadd rek diberesan ku abdi jeung nyi ilohh...nyanghareupna katukang..bisi akang teu tega.."...nolednad nurut bari hate pinuh kabungahh nenjo rukijadd geus meh ka soran...teu lila...corowokkkk soraa nu ngajeritt kanyenyeriaan meni tarikkkkk:  "ampuuuunnnn thobatttt teu kuattttt"....sora rukijadd ngagerung rosa pisann....

Ret direret ku nolednad ku juru panon...kasampakk rukijaddd ngagolerrr teu empes2 kapehaann..bari  sungutna semu ngabusaa..ret ka nyi ilohh jeung nyi karwitii...kasampak duana keur naronggengg bari teu make sinjangg..saheulay-heulay acan..nonggeng ngan satengah deupa tina beungeut rukijaddd.....nolednad ngagerentes: "emh..nyai-nyai aya kompakk..." rukijadd kasorr...eleh jajaten..manehna munggarann atawa utk yang pertama kali serah bongkokan elehhh..tarung..meleg2....saminggu ti harita urang pasir bulistir jeung legok hangseur pesta gede ngariakeun seuksess Nalukeun ki rukijadd jawaraa kejem nu digdaya sanagara..kabungah nambah2..sabab disela kariaan nyi iloh jeung nyi karwiti meunang suratifikat alias piagam penghargaan ti musium muri..alatan mecahkeun rekor nalukeun rukijaddd....horsehhh...horsehhhh...tamat..cag..

Jumat, 17 Oktober 2014

Nolednad Panuntungan

Para wargi sami uninga...nolednad sareng aki demit tos kenging jawaban nu jelas pertela perkawis teu matihna tirakat nolednad...oge langkung ti eta maranehna tos kenging bongbolongan pamungkas ti buyut ratu keloong...ku sih welasna nyi buyut ratu....nyatana lolongkrang kaluar pamustungan pikeun nolednad nutaskeun masalah kasakit barudakna...

Tungtungna noledna jeung si aki kudu ngalakonan lampah nyugemakeun hajat duriat nyi buyut ratu: ngalekuy endeuk-endeukan parindikan dugi tiasa nyambuangkeun kanikmat nyi buyut dugi ka poll...(aya ku kitu nasib nolednad...kaalaman deui lampah nu baheula tumerap ka nyi ratu kelong...basa manehna diiwat heula samemehna ka nagara keloong..)...kawarah ku pangalaman..nolednad ngecek heula ka nyi buyut..rempan ku sugan...bisi wae sanggeus milampah taeun jeung nyi buyut aya deui supata sejen nu nuturkeun saenggeusna..atuh ari kitu mah cumah..tina hiji supata abus kana supata sejen...sanggeus dipastikeun aman...der waeh dilakonan...demi barudakna sangkan calageurrr..

Singget carita..kabuktian, dawuh nyi buyut ratu teu nyalahan..anak2 nolednad ti nyi karwiti calalageur...beleger sakumaha budak anu normal...pakulitan galib jeung batur..oge henteu olol leho..sok komo sihungan jeung elal-elel letah mah...cageur sacageur-cageurna..saratus persenn....ananging kitu, urusan jeung nyi karwiti katut nyi iloh mah beda deui...teu ujug-ujug beres ku manehna...pajeujeut jeung patelakna hate diantara maranehna tangtu kudu diberesan kalayan dariaa..sabab euwueh pakuat-pakait langsung jeung supata nyi buyut ratu..eta mah estu masalah muamalah laki-rabi nu kudu diroeskeun papisah...

Nya jalan keur mereskeuna teh taya deui lianti diriungkeun.....Nolednad kalayan dideudeul ku kasaksen ti aki demit..ngajelaskan kasang tukang nu saeunyana kunaon manehna bet kudu nyandung ka nyi karwiti jeung ka nyi ilohh...intina lain kaluar tina tekad nu misalah..tapi estu kusabab hayang nyageurkeun barudakna....ari ahirnamah sanggeus dijelaskan...rek masrahkan ka nyi karwiti jeung nyi iloh sewang2an rek kumaha nya lampah...nolednad bakal narima. Nolednad onaman boga kahayang duanana rarido..dicandung..sabab memang geus kagok kajadiaann...da manehna geus ngukur bakal sanggup nyubadanan hirup huripna nyi karwiti jeung nyi iloh sakaliguss...

Ari si aki demit..lantaran boga hate kadua leutik...ngaharepkeun pisan nyi karwiti teh menta ditalak ka nolednad...sangka bisa boga jalan meunangkeun manehna sok sanajan mulung muntah rangda...karek kaguar ku nolednad..sihoreng nyi karwiti teh kurut kikindeuan si aki demit mangsa sakola di madrasah zaman barau cikurr..berenyit kenehh...ngan teu katakekan ngajodo sabab si aki demit gawena ngan ngablu kurang miropea nyi karwitii...kusabab karanjingan ku nongton adu begu...anu balukarna nyi karwiti pindah pilempangan neangan lalaki sejen nu leuwih daria micinta manehna...anu akhirna tepung jeung nolednadd.....rupana si aki demit ngarasa hanjakal ngamomorekun nyi karwitii..sok sanajan kakolotnakan masih neangan tarekah ngadahup jeung nyi karwitii...DBND: duriat baheula ngadakom deui....alias CLBK..

Sanggeus diriungkeun..hasilna...nyi karwiti ngamaklum manehna rido lamun kudu terus dicandung...hanjakalna...nyi iloh mah sabalikna..manehna mah menta ditalak wae...da teu bisa narima kanyataann yen nolednad geus lain jajakaa...sok komo mun inget manehna geus masrahkeun diri sagemblengna nepi kadaek di persekotan leuwih ti tujuh kalii...tempatna mun teu di huma kolotna, di saung katil sisi lembur anu jempling..

Manehna..sok ngagerih peurihhh...pangorbanan nu sakitu gedena bet kalah dibayar kurahull nu kacida bangetnaa...

Sok sanajan beurat ku duriat..dalah dikumaha kudu diridokeun ku nolednad...pegat tresna jeung nyi ilohh...nyi iloh ditalak...si aki demit oge kuciwa kacidaa...katutup harepan mibanda nyi karwiti...da nyi karwiti masih masket hatena ka nolednadd...
Cag..

Rabu, 15 Oktober 2014

Nolednad Nyandung Tumalapung (bagean ka opat)

Nyambung catur kamari... nolednad sare tibra tutas lulus syarat katilu.. sok sanajan nyi iloh sambutut sabab rek ngapung kalah burung... nikmat klimaks kapegat.... dina sare lian meunang ilapat barudakna bakal cageur 2 poe deui.. oge manehna ngimpi endah dirubung widadari arambucuy ti unggal sisi... salosin widadari jarangjangan ngarubung manehna bari ngagalentoran terus alon-alon manehna di bawa ngapung... teu kumaha asa teu jadi raja.. nolednad peureum benta bari renyad- Renyud biwirna siga jelema karagragan waduk toke kana sungutna...

Sabot ngapungg bari diciumann ku widadari.... langit ngadadak angkeub.. mega hideung ngagayot sa cur-curreun nyicikeun cihujaannn... teu lila jelegerrrr sora gelap matak katorekan.. nolednad reuwass.. kadua kali jelegurrrr gelap leuwih tarikk bari jeung kingkilabanna rek nyamber ka manehnaa... nolednad soak ngagurinjal hudang nyaring tina sare, bari rungah-ringeuh. Kasampak pamajikanna nyi iloh sarua hudang bari cungas-cingeus oge.

Ngan sakitu geus hudang tina ngimpi, angger sora nu ngajelegerr teu leungit. malah beuki asa nompo kana ceuli bari dipirig ku sora awewe ceuceuleuweangan tur rawah-riwih ti luar imahh... "Nolednaadd...sia nurustunjuung.. sugan mah heueuh sia teh soson-soson kasab makaya jang kulawarga... burung sia kalahka ngadonn kawinn deuii... naha sia teh eling.. eukeur-eukeur barudak sia teh pan ubaranaeun... naha ilaing kalahkah ngahekok ngahenen jeung awewe deungeun... nurustunjung maneh.... podaran aing sakalian siah daripada dikakaya kawas kieuu... ampunnnn".
Sanggeus lelembutan rada ngumpul.. nolednad karek sadar... "astagfirullooh... nyi karwiti... naha bisa nyaho ka tempat ieu....? haduh dasar bayawak calangappp ... cilakaa kulaa... kudu kumaha ieung..? gerendeng ki nolednad ..... nyi iloh geus ti buburanjat birat muru katepas moro indung bapana nu geus ngariung didinya.. bari sarua siga nu kasima... rek teu kasima kumaha.. isuk rebun wanci balebat... bet geus aya nu ngamuk ngantem panto  dapur bari cocorowokan campur rawah-riwih.

Nolednadd wawuh kana eta sora.. taya lian nyi karwiti pamajikan nu kahijiii... pikirana angkurawut. teu nyaho kudu ngalaku kumaha... ieu kaayaan estu teu sacongo buuk-buuk acan kairong bakal kajadian... ceuk bahasa kiwari mah: teu kaprediksi jeung kaantisipasi...

Ti tepas bapa nyi iloh satengah ngagorowok ngomong: "nolednad ilikan katukang.. ulah kalahka ngajeten kitu... roris.. saha awewe nu mangsa ci ibun can tuus kieu bet sakarat di pawon imah kulaa..!!"... renjag si nolednad cengkat.. bari jeung baluweng.. manehna ngajengkat ka pawon.. nyampeurkeun nu keur ngadat beak karep..

Karek ge rek turun.. tina palupuh... kaligane: "ciaaaaaaaaattttt...." gedebruuuuu.... panto pawon amburasut burakrakannn.. jelepung ti luar aya ngajleng bari gingkang.. habbekkk... juralitt.. gebruu.. nolednad katejeh kudampal suku jalma nu gingkang tea... awakna ragra ninggang gentongg... burusut cai na ngabayahh kamana-manaa.. tina gentong nu geus ajurrr tinggal sesemplekan... remek katinggang awak nolednad... nolednad ngagerung... bari ngajengjehee..

Untung nolednad rada asak warah dina maen po.. manehna buru ngorejat nangtung deui.... ari breh teh Bah Jalumpang bapana nyi karwitii geus ngabejega bari mencrong molotot pikasieuneunn... kabeh pada apal Bah Jalumpang jawara kawak ti tutugan bincurang romed... nelah tukang bobok tukang tarok.. oge tukang nyingsatkeun anderokk... nolednad ngeleper soak bebeakan... "ampunnn si abah datangg... haduhh lain lawan-lawaneun... uing pasti ajur tumpur digebes ku tilu jurus ge"..... gerentes nolednad...

Bah Jalumpang: "nolednad montong sambat kaniyaya.. bongan sia geus nganyerikeun anak kula... sia kukula bakal digitik bebeakan.. ketrukeun pangabisa sia nolednad".... karek ge rek calangap nembalan... belentrang aya ninggang tarang nolednad.. leng bangkieung nolednad ngajolongjong... sihoreng seeng hiberr... dibaledogkeun ku nyi karwitii.. beunang ngajewang tina tagogan hawu nu aya didinya... karek ge rek cengkat.. habek-habek.. disusul.. rancatan jeung palang tulak panto nu buk bek ninggangan awak nolednad... kukerep-kerepna boro-boro bisa nangkis.. ditimpah deui ku dampal leungeun bah jalumpah nu ramona meh meh sagede cau ambonn... gamplengg... gamplengg.. kekelepakann tarik nyangsang na pipi kenca katuhu nolednad.... nolednad teu manggapulya dikepukk rereongan ku nyi karwiti, mitoha lalaki jeung mitohaa awewee....

Nolednadd rangsak saawak-awakk... dikepukan teu eureun-eureun....eureun-eureun soteh nu ngagebuganna beak manten tanaga... ana karek ge ngarenghapp reureuh diteunggeulann... geletuk-geletuk... tarangnaa dipepeg ku siwurr gede ti belah gigirr... bari jeung kadenge aya sora nyi ilohh ceuceuleuweungan bari midangdamm... "siaaa ngawadullll marukan bujangan geuning geus boga pamajikan... nurustunjung sisit kadal.. nolednaadd... aing teu sudi ditipu... hanass sambel geus leyur direndos na cowet aing... jaba rugi siah teu tutas. aing teu sudi...".... bari geprek2 siwur teu eureun2 dipepegkeun kana tarang nolednadd....eureun2 lantaran bongkol siwurr geus ancur awur2ann tinggall gagangnaa bebelatakan dina tarang nolednadd......rupana nyi iloh geus sadar manehna teh geus dibobodo meleg-meleg ku nolednadd...hanas makutaa kawanojaann geus dipasrahkeunn tadi peutiing..

Singget caritaa.. nolednadd rangsak bancunur.. disangsaraa ku itu ku ieu...ku nyi karwiti sabondoroyot.. oge ku nyi ilohh jeung kulawarganaa...masih gede milik manehna boga elmuu  surungkuyy kuyaa..elmu rada tahan diteunggeulannn waris tinu jadi akinaa...jadi sok sanajaann ramijudd saawak-awakkk masih keneh tahaann teu sampe ngalenggerekk...ngan saukur lungleng bari ranyayyyy..ngajoprakk renghap ranyuggg....sanggeus waregg ngepukann nolednadd...manehna digolerkeunn dimasigit sisi dayeuhhh..bari diseblokannn caii ku urang lemburr..maksudna meureun supaya rada segerr ulah sampe kateterusann jadi kapaehann...

Kasareupnakeun nolednad ngulisikkk hudaang..kucape-capena diteunggeulan..manehna sare sapopoe...sanggeus kumpul pangaciann..manehna mikirann nasibb teu nyana poe haritaa....manehnaa ngaherrukk nalangsaa..bet ngalalakon kitu rupaa...tapi teu lilaa manehna guligah deui rass inget kana lampah tirakat nu geus lulus banglus nyumponan tilu syarat teaa...."halaah jeun teuing aing nasib kawas kieu...kabual kanyerina..sabab barudak uing bakal calalageur..dua poe deui aing bakal nenjo anak2 uing normal kawas baturr...anggap ieu teh pangorbanana...barinage ke mun emosi nyi karwiti jeung nyi iloh geus leler..pasti bakal ngarti jeung ngamaklum kana lampah kula ieu...nu penting aing nenjo barudak cageurr heulaa....isukan rek ditenjoo bari balik ka lemburr" kitu gerentess nolednadd...

Kacaturkeunn..nolednadd..poe kadua satutas disangsara ku lobaann..nolednadd gura-giruu balik ka lemburnaa..nu maksud hayang mastikeunn barudakna cageurrr lepas tina supata nyi ratuu kelongg..inditt rusuhh kacidaa..da hayang buru nepi...miang wanci janari sapi....tengah poe manehna geus nepi di pasir siriwik pingping...ti dinya celak-celak geus katenjo suhunan imah dilemburnaaa...manehna..geus kumejot hayang tepi..hayang geura nenjo anakna beleger cageur sakumaha ilaharr budak galibnaa..

Wanci..sariak layung..nolednad nepi ka beh imahnaa...manehnaa teu wani nincak buruaann sok komo asup mah..apan masih boga masalah nu can klirr jeung nyi karwiti sakulawargaa..nolednad ngeteyep asup ti beh rungkun tukangeun imahh..maksud rek ngintip nenjo tina bilik rada copong pas pinding kamer nu biasa dipake sare barudaknaa..

Sanggeus deukeut bilik kamer anakna..nolednad ngarandeg bari kerung...ti jeroo kadenge sora nu midangdam: "gustiii naha kunaon deui ieu tehhh geuning anak abdi jadi kawas kieuu..keur mah eukeur ubaranan..geuning kalah nambahh parnaaaa....kunaon deui atuhhh gustiii...naon lepat abdi sareng pun anakkk...haduhh ampunnn gustiii"....sora nyi karwitii ngageunggeuikkk pikawatireuunnn..bari teu eureun kadenge aya sora nu ngarupahannn.....kadenge oge sora nu gegejlig bulak balik ditengah imahh...rupana sora suku bah jalumpang nu bulak balik leumpangg bari bingungg...

Nolednad satengah teu percaya..."piraku teuing apan kuring geus cacap tirakat...? "...manehna panasarann terus noong tina bilikk nu dicopongan ku kukuna....gebeg teh manehna euwass..nenjo waruga anaknaa.."naha bet jadi sihungann bari letahna elal-elel bari jeung anggeur hideung cakeutreuk tur lehoanna mahh...lain cageur ieu mahh atuhh kalah nambahann parna...gustii ampunn.."..

Nolednadd..ngeness sakeudeunggg..tapi teu lilaa reyy robah jadi ambekkk nyedekkk...inget ka si aki-aki nu geus mere bongbolongan ka manehnaa..."boa-boa nipuu tahh si akii-akii cekekeunn juriggg tehhh...kuaing bakal diteangann..manehnaa kudu tanggung jawabb...aing teu tarimaaa.." gerentes nolednad bari nafsu ngagugudagg...

Karek ge manehna ngolesed indit kalayann niatt rek moro si aki misterieuss teaa...sajongjongan kareret kumanehna ayaa jelema disisi balong kuloneun imahna..keur lajag-lejeg semu teu tenangg..bari kundang iteukk...teu pati jelas da maju kasareupna..tapi sanggeus ditelek-telekk si horengg si aki demit teaa..."lakadalaah geuningg ayaa didieu jelemanaa...siah beunang..orang nyampeurkeun panggebug"....keteyep nolednad ngadeukeutann...sanggeus rada merenah kuda2...belesat gabrugg ku nolednad dirontok bari terus dipitinggh..."beunang siahh aki-aki kasebelann...mana siahh bukti omongan siaa....anak aing kalah beuki kacrut ramijuudd....

Si akii: kela-kela nolednadd...ulah gurung gusuhhh...sing tenang..sing tenaaang.....nolednad: "gandeng siahh..aing geus ngalakonan syarat ti maneh..tapi geuning kieu pamustunganna...maneh kudu ditelasan ku kula.."...si aki..bari jeung aya dina pamiting nolednad..ngomong haroshos: "mun urang palastra pasti katutup jalan jang nyageurkeun anak ilaingg...leupaskeun heulaa..."

Nolednad ngahuleng..manehna eleh deet..terus ngalesotkeun pamitingna....si aki hudang bari kekepes..micenn taneuh tina bajuna..sanggeus merenah diuk manehna ngomong:..."kula ge bingungg naha bet bekas nyalahan hasilnaa...padahal syarat kabeh geus cumponnn....kula tangtu panasarann oge..bakal maluruh geuning kawas kieuu...kulaa ge embung reputasi salaku aki demitt nu pernah cidra jadi ruksakk ku alatan masalah ieu.....euweuh deui cara pikeun neangan jawabanaa lianti urang duaan kudu indit ka tempat nu jadi puseur sumberna supata nyi ratu rumayudd keloong...

Nolednad ngahulengg..terus nempas..."maksudna kumaha? "..aki: " nya urang inditt ayeunaa keneh ka nagara keloong...anu ilaing oge pernah kaditu lainn? Urang datangan langsung nyi buyut ratu keloong...urang tanyakeun langsung kamanehnaa...bet hasilna bekas nyalahan?.."

Singgetna...Nolednad jeung aki demit..miang ka nagara kelong...sok sanajan wegah kudu nincak tempat nu manehna kusi kapaksa disorang..basa dirawu ku gulang2 kelong tea...nolednad teu bisa majar kumaha...beurat ku niat hayang nutaskeun kahayang nyageurkeun budakna... nolednad miang ka nagara keloong..

Miang nangkel kana sarung hawuk si aki..nu teuing kumaha..ukur ngacungkeun iteukna kaluhurr..ujug2 belesurr waee mesat hiber lir jamparing leupas tina busurnaaa...

Hiberrr kekelebetann..bari katebak anginn peutingg..nu nyiriwik nolednad nyekel tipe pepereket sarung bau si aki... teu lila pas liwat rungkun kawung nu rajeg di lengkob gunung kutang ngaplek... kaliganee nu poek jadi caang ngabungbulang siga beurang.. jeung leuweung caneom dihandap robah jadi suhunan2 imah nu kekep bari rapih... jeung riab kelong ngulampreng sajajalan nu ngembat..

Kaligane: ujug2
"Geus tepi euyy... tinggal urang ngajugjug patapan nyi buyut kelong..."... ceuk si aki... nolednad: "jadi urang moal kudu ka karaton ratu kelong lain Ki"? Si aki: "teu kudu da supata kaluarna tina baham nyi ratu buyuutna... jadi teu perlu.." nolednad: "syukur pisan ki..." aki: "na kunaon kitu?"... nolednad: "hiiiiihhh bararaidd ginggiapeunn ari ras inget kudu nyapatemonan nyi ratu kelong..... hiiiihhh... teu hayangg ngaduakaliann... kuriak bisi dititah kitu deui... nolednad bibirigidigan..

Teu lila...katembong dihandap.. aya kiaraa buadag kacida... beuteung gajah salikureun dihijikeun karek nyaruaan gedena eta kiaraa... kiaraa kacida rembetnaa.. raweuyyy ku janggot akar2an jeung susuluran nu meulit sagembleng tangkall... si aki nyirorot siga heulang.. nolednad nangkell bari pupuringisan sieun ragragg.. sajongjongan si aki jeung nolednad geus napak deui na lemah persis hareupeun sedong gorowong mangrupa guha handapeun kiara..

"Sampurasuunn nyi ratu buyut"...caluk si aki....sora ti jero bari rada ngirung.. "rameeess... nyaha niluang.. nyeung anya penyu naong nganieuuu...? (Saha diluar..jeung aya perlu naon kadieu..terj.) (salajengna bade terjemahanna bilih nambih lieur ka pamiarsa)...aki: "abdi ki jugul kalakatung alias aria palangkakan kaligata" kuncen kanjeng ti bawahan birit bulistir seja ngadeuheus.."..

Sora tijero: "ngaong pamangusanng.. ngeura ngomong niluang..neu ngudu anyuuupp.."...aki: "kunaon barudak nolednadd teu cageurr nyiii...padahal tos nyumponan syarat camalna supata nyai ratu buyuut keloong..?"....sora ti jero: "nya munguhhh..ngangall...daa..ngi nolengnang ngamustaammm...neu maleeggg..nyumonan nyaratnaa..."

Aki: "nyakumaha kitu Nyaii Ratu..?...sora tijero: "nyarang nu kaniluu...ngarek maniih mung nilakonang ninaa moe marawanaang...ari ngi nolengnang maahh...apaanggg memeng ngawing nyi iloong apang ngeus mernyekotaang nyi ilooonggg ngeuwih ti nunyuh ngali.... anuung reng ngumanga ngasilna...

Si aki ngalieuk bari muncereng ka si nolednad: " bener siah maneh geus mersekotan nyi iloh leuwih ti tujuh kali... samemeh ijab kabul kawin..? Nolednad: "persekot naon ki?"... aki: "koplok siah pura2 teu ngarti...didepean..alias direndos ti heula samemeh dikawin sahh?

Nolednad nyenghel seuri koneng: "emang kumaha kitu kii.." apan teu jadi masalah lain nu penting malam pertamaa tas ijab bisa cumpon syarat...?" Aki: " na belegug teh nepi ka tai-tai maneh teh nolednadd?"... si aki nyangangang bari gampleng-gampleng waeh beungeut nolednad ditampilingan... teu lila aya sora deui ti jero: "nyamenerna nu nyani manyalah laing  mernyengotangna... namii.. ngamemesnaa mangaraang ngi nolengnang.... mikir mae ku nyiaa.. ngekk ngumahaa ngasill.. unggal mernyengotaang makarang nolengnaang memess nemi nga angar-angarnaa..."

Aki: " tah dengekeun ku sia beleguggg.." kaharti ari kitu mah kunaon bisa gagal... sia-sia keneh pamaehna... deuleu.."...

Memes...suara ngirung dari bebes.. iya nancep..

Sora ti jero: "nyungull ngalangatuung... nyia ulah amung2an neuing ka nolengnang...nyia onge monga niat nu mengkokk ka nolengnang...ngaku nyiahhh.."....aki: ampun nyi teu pisan-pisan...sora tijero: "ngangu nyiahh...pan nyiahh nu ngamenyaang nyi ngarwiniii...yeng nolengnang nyanuuunggh...nu anuukna...nolengnang dinyangnyara

Masih sora ti jeroo: "nyiaa ngahanyaa.. ngamenyaann nyi ngarwiniii... nyangkan nyi ngarwinii ngeuleuhh ka nyi ilooong.. nu angirna nyia ngaharep nyi ngarwiniii minyaah ninalaak nolengnang...nyiaa hayangg mulungg rangdanaa nyi karwiniii....nyiaa mongohhh hayaang ngawinnn nyi ngarwiniii...nyiaa mongoh ka menehna ni nyamaan nyakolaa manurosahh...

Ayeuna balik nolednad nu muncereng..si aki nu piass..."koplokkk siahh aki-aki teu uyahannn jadi siaa nu bebeja ka nyi karwitiii..? Sia ngahaja nyieun pitapak sangkan aing tigebrus ditinggalkeun nyi karwiti...terus ku sia disanggap rangdanaa..?....teu uyahaann... jekok..jekokk...birit si aki ditalapung satakerna ku nolednad..

Sora ti jeroo: "meungeusss  montong panyeaaaa...." moal anya ngunnanaaa...nyanehh nuaang hayangg anya nyolunyinaa lainnng...? Si aki jeung nolednad nu geus rek bukbek gelut ngarandeg bari rampak ngajawabb.."muhun nyi buyut ratuuu...sora ti jero: nengekeung mongmolongan panungtungann nyupaya manyalaah ilaing mareres.."

Si Aki jeung nolednad curinghak haripeut...kataji ku kawijaksanaan nyi buyut ratuu...manehna sila sarigeup nyanghareup guha... sora ti jero: "nyia nuaang maris ngiji-ngiji... asup nga ngua kaulaa.. nyenangkeun ngaula nyapatemong nyeung ngaulaa.. mawa ngaulaa ka punyak kangeunahangg.. punyakk... ngani'mataang... ngula ngeus lima ratus nahung teu ngarasaang nu kinu... nyamemehna ilaing nuaang nyig dinyukuur.. bari mandi naung mulusss..ngartii...?"

Si aki jeung nolednad ngajengkangg.. bareng bari terus kapaehaannn....

Sora ti jero: "nongenna nos namaatt..." nyag..

Nolednad Nyandung Tumalapung (bagean katilu)


Sugri kaum dangu,. kacaturkeun.. Nolednad geus mulang deui ka lemburna. lembur "legok hangseur".  Tutas ngalalakon ka nagara kelong nu sanget tur hararaeun.

Nolednad dipulangkeun deui ka asalna ku Ratu kelong sabab tos cumpon kahayangnya, dibinihan ku lalaki manusa pikeun anak baranahan keur miara katurunan bangsa wadya kelong sajagad raya, Nyi Ratu Kelong teu butuh salaki permanen, butuhna nu ngabinihan, mun dina bahasa ngawinkeun domba atawa kuda mah kasebutna ngan butuh pamacek, geus seukses dipacekeun teras dipulangkeun deui ka purwadaksina, nyaeta di alam manusa.

(Samemeh mastaka ageung lebet, mastaka alit Nolednad lebet sareng utah heula. Mastaka ageung mah kanggo nutaskeun sareng nganikmatkeun, janten binih Nolednad lebet) Nyi Ratu Kelong bingah kagiri-giri bisa reuneuh. Saur catur, sakali bisa dibinihan, Nyi Ratu Kelong bisa reuneuh 100 orok kelong unggal taun, salila 150 tahun teu eureun-eureun. Jadi kabayang rendeyna palaputra Nyi Ratu Kelong.

Kulantaran bingah Nyi Ratu Kelong maparin hadiah ka Nolednad. Mimitina mah ambek Nolednad teh, lantaran hadiahna teu munasabah, guruntulan korong hejo garing nu dicokot tina tiiran bulu irung Nyi Ratu Kelong nu rogok cokrom. Dibere tilu guruntul sagede-gede hulu monyet jebrog.

Tapi aneh binti ajaib, sanggeus asup ka alam manusa, eta guruntulan korong rajana teh ngadadak robah jadi inten jeung batu  permata tina jenis safir anu kacida endah jeung mahalna. Kabayang permata sagede-gede hulu monyet diical ku Nolednad ka toko emas di dayeuh. Eta tukang emas teu cekap mayaran ku artos kontan, dugi kabubud toko sareng banda pakayana dianggo meser permata Nolednad, malah dugika bujang-bujangna (pembantu), anjing herder katut ka pamajikan eta tukang emas bubud dipake mayaran permata si Nolednad.

Singget carita, Nolednad jadi jalma beunghar kacida, hartana ambarayah dimana-mana. Bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah, ngabayabah na luhur kasur. Manehna bisa ngamodalan usahana leuwih rohaka. Usahana maju jeung beuki nerekab ka unggal madhab usaha. Mun ceuk bahasa dayeuh mah, kasabna berkembang ekspansifff. Nu tadina ngan ukur ngiangkeun gula, ayeuna mah sagala rupa dikokolakeun, sapunyere, halu, jubleg, tetenong, seeng diproduksi gede-gedean ku manehna. Teu kaliwat bisnis daun tisuk jang bangkas-bangkus, ngajual anak begu, tur ngiangkeun obat eksim kumanehna dipaju oge. Atuh teu kungsi lila, Nolednad hirup kumbuh lubak-libuk, jadi jalma pangbeungharna di wewengkon karajaan palangkakan karadak, di jaman haritaa.

Ngan, sanajan kitu, Nolednad katenjona ngan alum jeung alum wae. Nya kitu deui nyi Karwiti nu jadi pamajikanana. Jalma saliwat loba nu hemeng teu ngarti, naha dina kaayaan nu samagreng ku banda pakaya, bet Nolednad ngarasula? Malah mah mangsa baheula keur sangsara, Nolednad katelah jalma nu gumbira loba ngabojeg.

Sihoreng simana horeng, Nolednad jeung nyi Karwiti sedih ngabatin peurih, lantaran boga budak satilu-tilu henteu munasabah. Teu akur jeung pasipatan budak manusa anu umum.
Maksudna boga budak tilu nu teu ilahar. Budakna tiluanana lalaki bari jeung hideung cakeutreuk, hideungna teh beh ditueun areng. Lian ti eta aya sihungan jeung lehoan wae teu euereun-eureun. Rupa tarekah geus dicobaan keur ngubaranana. Ku sabangsaning rupusan, ramuan, oge ku jalan jiad kabatinan ti dukun-dukun lepus nu kakoncara, tapi bating, teu aya pisan tapakna. Angger wae budak kitu kaayaanana.

Hiji mangsaa, basa manehna ngabrangbrangkeun kasedih mikiran waruga budak bari leuleumpangan ka sisi lamping. Teu pupuguh manehna panggih jeung hiji aki-aki nu teu dipiwawuh. Megat di jajalaneun satapak bari nyekel iteuk hoe sagede puhu leungeun.

Aki-aki, "Nolednad, kula nyaho kasedih maneh, jeung kula nyaho sabab jeung cara ngabenerkeunana!". Nolednad ngarenjag molohok terus ngomong, "Ari aki saha?".

Aki-aki, "Teu penting jeung teu kudu nyahoo!" kula ngahaja megat ilaing hayang ngabejaan jeung mere bongbolongan, anak ilaing kawas kitu eta balukar tina supata karuhuna Nyi Ratu Kelong. Sing saha-saha nu nyapatemonan Nyi Ratu, bakal boga turunan nu maling sabagian sifat Nyi Ratu. Kabeneran sifat nu neureuh ka anak ilaing, nya hideung cakeutreuk bari jeung lehoan taya kendatna. Supata eta pageuh nerapna.

Nolednad bari carinakdak, meh teu kuat nahan piceurikeun, "Aki atuh meureun geus buntu laku peunggas jalan pikeun simkuring nyageurkeun budak kuring?".

Aki-aki, puji syukur ka pangeran, masih aya jalan pikeun maneh Nolednad ! Ngan syaratna kacida pisan beuratna Nolednad!”. "Naon syaratna aki? Bujeng-bujeng syarat dunya, mun kudu ditebus ku umur abdi dibayar ku nyawa abdi, abdi siap aki!"

Aki-aki, syaratna aya tilu. Hiji maneh kudu tatapa sataun lilana. Salila tatapa maneh ulah sare na kasur, ulah usik jeung ingkah, sok komo nongton bioskop jeung ulin ka emol mah, dipahing pisan. Kadua, maneh kudu boga turunan ti pawinian (pamajikan) anyar. Nu dikawin ku maneh ulah sakanyaho pamajikan maneh nu kahiji. Katilu maneh kudu sapatemon make cara heuseus jeung pamajikan maneh nu kadua.

Nolednad ngahulengg, terus ngomong, "Aki syarat nu kahiji abdi nampi, ngan syarat nu kadua asa teu kahontal, naha bet kudu kawin deui? Pan abdi mah rek nyageurkeun budak abdi nu geus aya ti nyi Karwiti, naha bet kudu boga budak deui? Kumaha mun budak abdi ti nu ngora jadi cakeutereuk deui kawas budak buncir?".

Aki-aki, "Kawina maneh jeung nu ngora, kalayan dieusi ku mawat kalimat suci nu dicangking tina tatapa 1 taun, kalayan dijejegan ku cara sapatemon nu bener jeung ngora. Jadi panebus anu ngagurkeun supata karuhunna Nyi Ratu Kelong ka anak maneh. Jadi lian ti meunang anak nu normal ti pamajikan nu ngora. Anak maneh ti pamajikan nu kolot age bakal cageur kabeh, ngarti maneh?". Nolednad unggut-unggutan, ngarasa ngarti ku jawaban si Aki.

Kocapkeun, singket carita, Nolednad satekah polah nyumponan eta syarat hiji-hiji kalayan tartil. Puasa sataun teh sihoreng lain ngan ukur puasa, tapi bari kudu sila menekung handapeun haur nu caneom rembet bari jeung hieum pikakeueungeun, ditempat nu katelah pasir molenas bawahan babakan parindikan bulistir. Tapi lantaran kuat patekadan, manehna teu galideur keueung, gerentes hate Nolednad: "Tong boro kiara sungil, apan guha Nyi Ratu Kelong nu leueur bari jeung bucak jaba hangseur kacida ge apan kusi diabusan ku kula.."

Dodoja puasa bari tatapa teh rupa-rupa ,. poe kahiji.. teu pupuguh ujug-ujug gurudug teh aya batu sagede treuk puso salosineun ngagorolong rek ngalides manehna. Soak beak karep nepi ka kokompodan. Ku soak-soakna eta dua siki "pakarang" manehna ujug-ujug nyurup leungit sajongjongan, rek teu soak kumaha eta batu nu ngajungkiring teh geus aya no congo irung manehnaa. Geus asa rek gejret wae ngagencet manehna nepi mejrel, meh-mehan manehna gagal rek ngabecir nyingkahan batu.

Tapi kulantaran geus ajam kuat niat. Nolednad teu ingkah, manehna peureum tikekereket bari mapat do'a sabisa-bisa. Kumaha engke lah, nu penting aing tigin ulah ingkah nu matak gagal tatapa.

Kitu ceuk gerentes hatena, enyaan ladang sabar rupana mah. Sing horeng euweuh batu euweuh naon nu ngalindes manehna. Ditunggu ku ditunggu, euweuh nu ngagencet manehnaa. Ngan ukur aya sora ngetepluk kana daun garing nu ngalayah di sakuriling Nolednad.

Nolednad bari masih ngeleper meletetkeun juru panon kana sora eta, " Koplok teh, sugan teh heueuh batu rajana. Nurustunjung ukur sukro ngagorolong ka hareupeun aing" gerentes Nolednad, rupana Nolednad keur didoja ku siwah tetenjoan, puguh-puguh sukro nu datang, kadelehna siga batu sagede treuk.

Nu pangbeuratna mah dodoja poe puasa tapa nu panungtung. Satuntas dahar buka puasa wanci isa, manehna keur ngalegeday handapeun kiara, bari dibaturan cempor nu caangna meletet. Teu pupuguhh ujug-ujug jleg teh dihareupeunna aya awewe anu geulis bari jeung ambucuy kabina-bina. Sajongjongan Nolednad olohok ngembang kadu bari teu eureun-eureun gigisik, bisi salah tenjoo. Ngarasa kurang manehna nyiwitan birit sorangann sababaraha kali, majar teh bisi ngimpi. Tapi da angger nu aya dihareupeun teh, istri lenggik camperenik, awak jangjing sampayaan, bari ngeusi tur matak uruy hareuyheuy. Mun ceuk basa kiwari, seksih abish.

Nolednad, ngerelek, ampir teu tahan. Mehmehan rek ngarontok eta wanoja, anu lalanggeoran ngageboy joged beuteung (tari perut) bari ngalaanan raksukana salambar-salambar. Hatena babadug, pakarangna totojal, komo mun ras inget manehna ampir sataun teu atel kulit jeung nyi Karwiti nyumponan nafkah batin.

Untung si raja untung, manehna teu incah tina tekad asali. Hayang cumpon nyageurkeun nu jadi anak, manehna peureum nahan nafsu nu mahabu birahi nu kaleuleuwihi, bari maca do'a sapujagat. Jep, sajongjongan simpe. Teu lila kadenge sora nu gogorosan bulak-balik hareupeuna bari sesegor. Nolednad muka panon, singhoreng nu dihareupeuna teh robah jirim. Jadi begu jabrig, calingna melengkung." hushh mantog siah begu" Nolednad gegebah, manehna lulus ngalakonan syarat kahiji.

Nincak syarat kadua. Tipayun tos disigeung sakedik. Nolednad bari jeung rada humandeuar, neangan calon istri wayuheun, da manehna asa teu tega ka nu jadi pamajikan nyi Karwiti tea. Nya basa manehna keur dagang  ngiangkeun parabot dapur. Sarupaning seeng, tetenong, jeung hawu portable, teu dihaja panggih jeung nyi Iloh. Parawan geulis, donto  bari singer kacida.

Nolednad tepung teu dihaja jeung nyi Iloh nu rancunit di hiji dayeuh basa manehna keur ngider dagang rupaning parabot dapur, eta dayeuh katelahna dayeuh "Tunggir Nyunghid" hiji tempat nu hejo ngemploh ku tutuwuhan di suku Gunung "Birit Nyangigir.

Basa keur tonggoy  laladang, Nolednad teu pati luak-lieuk nitenan nu tatawar rek meuli, da geus ilaharna kitu. Tapi basa aya wanoja dituntung tanggungan keur pulah-pilih aseupan. Nolednad rada curinghak, euning eta awewe teh meuni mencenges beda tinu lian. Awak lenjang, rupi geulis matak kataji, halis hideung ngajeler paeh. Irung bangir jeung gadona matak sono lir endog sapasi. "Edun widadari timana ieu teh?" kitu gerentes Nolednad.

Ras kana syarat kadua tea,Nolednad ngadadak jadi sumanget neangan candungeun. Anu luh lah hoream humandeuar. Ngadadak seukeut pikir jeung rarasaan. "Ieu yeuh jinisna nu bakal jadi maturan kula nyumponan syarat nu kadua!", gerentes Nolednad.

Nolednad ngolesed api-api rek menerkeun tali na tuntung rancatan. Padahal nu puguh mah mih bisa ngadeukeutan eta wanoja. "Aya nu kaango neng aseupanna?" Tanya Nolednad bari mencrong satengah olohok ka eta wanoja. Eta wanoja ngareret kujuru panonna nu cureuleuk bari ngagelenyu imut, seblak, dada Nolednad ngagentak bari ngalenyap. Kasima ku geulisna eta wanoja. "Hadeuuhhhh na aya ku endah-endah teuing ieu widadari". Manehna ngagerendeng bari buru ngajewang sarung nu meh morosot. Alatan caliweura kasima ku eta wanoja.

Tisaprak amprok jeung wanoja anu nelah nyi Iloh. Nolednad bagi tigin rek nyumponan syarat kadua. Aya jalan komo meuntas sigana mah, keur mah dititah nyandung, katambah aya nu dipikageuget, manehna satekah polah ngadeukeutan nyi Iloh sangkan beunang hatena. Lila beuki lila sanggeus tambah wawuh teu asa-asa mahugi ku barang-barang nu alus jeung rarang. Malah sangkan apdol kolot nyi Iloh dideukeutan jeung disubadanan kalandepna. Bapana nyi Iloh meh unggal jumaah dikiriman bako mole sarinjing, pleus ditumpangan pahpir cap kadal heuay, nu harita keur kajojo pahpir pangeunahna sanagara. Nyakitu nu jadi indung nyi Iloh oge reumbeuy ku pamere Nolednad. Jubleg wae aya satengah losinna dikirim ku Nolednad. Geus karuhan bahan seupaheun mah. Sakarung-sakarung dikirim unggal saptu poe pasar. Pokona mah nyi Iloh jeung kulawadetna banjir ku pamahugi jeung panyimbeuh banda.

Kulantaran haben dideukeutan jeung digebruy ku pamahugi. Lila kulila, timbul bogoh jeung nyaah nyi Iloh ka Nolednad. Nya caritana Nolednad jeung nyi Iloh teh papacangan. Di lembur eta teu lila pada apal, terus nelah. Kasebutna bentangna dayeuh tunggir nyunghid kabandang ku sodagar seeng jeung tetenong anu jegud. Nyi Iloh ocon ngasuh deudeuh asmara jeung Nolednad.

Geus tangtu dina ikhtiar ngawayuh Nolednad tarapti pisan, sakumaha geus disaratkeun. Manehna rekep rerencepan teu buja-beja kasasaha ge. Jeung ongkoh dayeuh tempat nyi Iloh nganjrek teh jauh pisan jarakna ti lembur Nolednad jeung nyi Karwiti. Jadi asal lantip pamohalan bakal katohyan laku wayuh ki Nolednad ku pamajikan atawa batur salemburna. Jadi estu aman ngalagena tah ki Nolednad teh dina ngudag syarat nu kadua. (barinage masing teu disyaratan, nu nyandung mah da rerencepan tabe'atna, kecuali nu palay digendiran bari dikulub ku bojo kahiji, red.)

Sanggeus papacangan tilu likur poe. Nolednad jeung nyi Iloh geus paheut rek ngadahup jatukrami jadi salaki pamajikan. Kulawarga nyi Iloh geus mere restu kamaranehanana. Nolednad ngahaja ngawadul nyebutkeun yen manehna mah geus pahatulis teu indung teu bapa. Manehna ngaku bujangan nu ditinggalkeun maot ku indung bapana mangsa budak. (meni hayang nalapung nya, ku yuni eh eta Nolednad.)

Nya poe kariaan pangantenan geus ditangtukeun. Numutkeun itungan akina nyi Iloh. Cindek dina tanggal 4 rewah, poe rebo kaliwon, kalayan akad dilakonan di masigit dayeuh memeh wanci pecat sawed, saminggu samemehna, nyi Iloh geus dipingit jeung diropea ku rupa cara titinggal karuhun. Awak dibalur ku rupa-rupa ramuan seuseungitan, malah kusi ngider dikeueum di sumur tujuh di hulu dayeuh, supaya tambah mencenges jeung nambah awet rumah tangga ceunah mah.

Nolednad oge teu tinggaleun tatan-tatan nyiapkeun rupa-rupa. Pangpangna manehna nyiapkeun "pakarang pusaka" para lanang.

Pikirna, "Uing rek ocon macangkrama pangantenan jeung nyi Iloh nu donto, pakarang kudu ditohagakeun bari jeung dirancet sangkan rada badag jeung renjul, ulah nepi ka kuciwa nyi Iloh ku kuring."

"Nyaiii iloohh, ieu akang Nolednad geus samakta rek nyugemakeunn nyai lahir utamana batin", kitu tekadna Nolednad.

Pisapoeeun deui kana waktuna, pasosore, Nolednad rada hulang-huleng. Manehna,  inget aya syarat katilu anu can jelas dijentrekeun ku si aki misteurieus tea. Padahal eta syarat katilu teh kudu dicumponan teu lila sanggeus sarat kadua kalakonan.

Syarat nu katilu sangkan barudak Nolednad jadi normal jeung supata Nyi Ratu Kelong camal teh, nyaeta (hapunten): Nolednad kudu nyapatemonan istrina nu kadua dina peuting munggaran pangantenan ku cara khususon alias kheuseus. Ananging si aki can ngajentrekeun cara kheuseus teh kawas kumaha? Padahal apan peuting pangantenan teh ngan kari isukan wae? Palebah dieu Nolednad hemeng bingung, kudu kumaha? Rek nanya ka si aki kamana kudu neanganana, da teu puguh alamatna. Lain aki samanea, apanan aki-aki demit ti kagoiban manehna teh.

Keur ngalantung bari ngahuleng dipakarangan, kaligane aya sora nu batuk gigireun Nolednad. Nolednad ngalieuk, sajongjongan manehna reuwas tapi bungah. Sing horeng nubatuk teh si aki misteurieus tea, ujug-ujug geus ngajega di dinya, bari nyenyekel iteuk hoe wedel. Bari satengah ngagabrug Nolednad nyampeurkeun, "Aki, aduh nuhun ngersakeun kadieu puguh abdi teh aya taroskeuneun."

Si aki: "Menggeus jang teu kudu ditanyakeun, aki ge geus nyaho, kabingung ilaing. Jeung memang aki geus ngomong tiheula, yen dina waktuna aki bakal ngajelaskeun "cara kheuseus". Nu jadi patanyaan ilaing. Nya ayeuna waktuna, sapoe samemeh ilaing muka berekat hipu nyi Iloh calon jikan kadua ilaing. Regepkeun omongan aki, moal rek ngaduakali ngomong".

Nolednad sarigep bari ngarebingkeun ceulina hariwang aya omongan si aki nu teu ka reungeu. Si aki ngomong: “Lamun geus prung sapatemon. "pakarang lanang" atawa "mutu pusaka" silaing geus abus ngarendos dina cowet hipu nyi Iloh, omat asupkeun atawa bebeskeun satengahna bae. Ulah kabeh diasupkeun.

Ngarti ilaing? Nolednad unggeuk bari ngajawab: “Ngartos ki, terus manehna nanya: upami ngarendosna bari maju-mundur abdina teu nanaon ki? Si aki: "jehhh belet teh kalah dipiara, ceuk aki ge syaratna ukur ulah diasupkeun kabeh mutu maneh, tapi satengahna wae. Perkara nu sejen rek bari maju-mundur atawa rek bari jujuralitan atawa koprol pek teh teuing, nu penting asupkeun mutu maneh ngan satengahna, deuleu.

Nolednad: ki lamun nepi ka ngabebes kabeh kumaha, balukarna? Si aki nempas, "anak maneh ti nyi Karwiti  bakal moal cageur, katambah deui anak maneh ti nyi Iloh, bakal buncir hideung oge. Sing inget ieu syarat pamustungan, lamun gagal bakal burakrakan paniatan ente, syarat kahiji jeung kadua sanajan cumpon euweuh hartina."

Nolednad ngagerendeng, "aing pasti bisa nyumponan syarat eta.. pilakadar nahan kangeunah sapeuting. "Lebar geus usaha leuleuweungan kieu, bet kudu gagal".

Singget carita, kariaan pangantenan geus tutas. tamu-tamu geus marulang. Nolednad geus nyiapkeun diri ngalakonan syarat katilu, manehna jiga nu teu pati tegang. Nyantai nu aya, malah jiga rada nyapirakeun, estu percaya diri.

Nolednad asup ka pangkeng jeung nyi Iloh, katingal Nolednad mah teu pati nu dariya. Kalah nyi Iloh nu murangkel tipepereket ngaleng cangkeng Nolednad bari peupeureundeuyan gumeulis. Sapertos nu nangtang hoyong dicoco.

Lampu cempor dipareuman, nyi Iloh mimiti ngagaramang, sautik-eutik, anu akhirna teu karasa beuki nanjak ngudag kana bagean intina. Dina palebah eta, Nolednad geus taki-taki sok sanajan nyi Iloh merod menta ditutaskeun manehna geus siap nahan diri sangkan syarat katilu cumpon.

Kasabaran Nolednad bener-bener diuji, sanggeus ngagitik maju mundur kasisi kagigir, ngarendos, bari jeung cowetna teu eureun-eireun ngageol, tungtung ngeunah geus muncak ka puncak sirah, manehna humandeuar ngarahuh kacida, nahan supaya syarat katilu cumpon, manehna masih kuat nahan.

Nyi Iloh gugurinjalan, bari jeung terus merod metot cangkeng menta Nolednad nutaskeun, Nolednad masih nahan. Nepi ka pamustunganana Nolednad bisa tahan, manehna bisa nutaskeun syarat nu katilu.

Sok sanajan, rada diamuk ku nyi Iloh, Nolednad teu kuciwa. Manehna narima wae,. dina hatena manehna ngagerentes," keun lah peuting ieu mah kula boga paniatan.. nyageurkeun budak, ke geus bareres urusan ku kula bakal ditutaskeun," hampura nyi, peuting ieu akang can bisa poll nyugemakeun. Kitu gerentes Nolednad.

Nolednad bisa narik napas longsong. Manehna gede harepan. Bakal mapag mangsa cageur barudakna. Manehna hayang buru-buru nenjo bukti matihna tirakat manehna nu ngalakonan tilu syarat ti aki-aki misteurieus tea, naha bakal kabuktian atawa kumaha? Tapi manehna boga harepan anu gede kacida.

Dina sare peuting harita, manehna tepung jeung si aki. Si aki mere ilapat. Nolednad  dua poe ti ayeuna, geura tenjo anak-anak ilaing ti nyi Karwiti, pasti geus calageur.

Naha bener anak-anak Nolednad bakal calageur,? Tah ieu bagean raramena, carios teu acan dugi ka puncak, kumaha nasib anak-anak Nolednad?, kumaha nyi Karwiti? kumaha oge si aki? Saha sabenerna si aki? enjing bakal ditamatkeun, cag.