Sanggeus urusan gede jeung ki rukijad tuntas..kalayan ditungtungan ku talukna ki rukijad...nolednad hasil ngaleupaskeun nyi iloh jeung jang surandil tina cangkingan kakejeman ki rukijad
Leupas ti rukijad..nyi iloh jeung surandil bisa hirup leuwih tenang anjeung senang...nyi iloh manggih jodo anu bageur tur ngariksa pinuh kanyaah ka menehna jeung surandill...nya jodo nyi iloh teh ngaranna ki MANDAHONG...duda bageur ti babakan birit remong bawahan gunung cungcurungan bancunurr..
Nolednad jeung nyi karwiti katut 3 anakna bisa ngawangun hubungan kakulawargaan anu layeut jeung kulawarga nyi iloh tur mandahong.....malah surandil apet jeung kacida masket ka ki mandahong..sok sanajan ukur bapa tere...(tulung wa abdi jadi bolott...manawi aya nu terang kedahh dikumaha...ngetikhurup liat kluarna.)
Kocapkeun...nolednad bisa fokeus deui ngokolakeun usahana...manehna bisa ngembangkeun usahana nepi bisa nerekab nyuplai barang hampir kaunggal wewengkon di nagara palangkakan karadak...ambahan pemasaran parabot dapur jeung rumah tangga ti nolednad beuki lila beuki ngalegaan...malah manehna keur tatan2 rek muka lengkah anyar anu rohaka, nyaeta rek ngekspor ka mancanagaraa..
Ku ngembangna usaha, nolednad jadi ngalegaan pergaulanna...manehna ngawangun jaringan koneksi pergaulan anu meber kamana-mana ti mimiti kalangan dunya usaha, rahayat awam, dukun, paraji, palika, tukang moro bagong, nepi ka para pajabat anu sumebar di unggal tempat..
Ku ka parigelanna dina ngadorong usaha jeung ngahirupkeun ekonomi masyarakat, pupuhu wilayah, nyatana residen palangkakan karadak bagean kulon..kataji ku kabisana nolednad...manehna rada nimbang2 hayang meto nunjuk nolednad jadi asisten residen bagean pengembangan ekonomi masyarakat...residen anu ngarana Raden Dudih atmacaludih boga pikiran...mun nolednad ditempatkeun diina eta kalungguhan, tangtu bakal bisa ngetrukeun kabisana pikeun ngadoroonng kamakmuran rahayat sakabehh..
Residen dudih...nyieun tim rahasia anu tugasna nalingakeun jeung menteun lengkah paripolah nolednad...sok sanajan geus kataji anggalna residen embung nyieun putusan gurung gusuh getas harupateun. manehna hayang mastikeun tina unggal jihat panenjo memang nolednad teh miboga syarat anu paripurna pikeun jadi asisten residen..hiji jabatan anu pohara luhurn..mun kiwari mah satingkat wakil ggubernurr..kurang-leuwih..
Nya ti mimiti bulan rewah tahun opatratus likur saka, mangsa shio munding heuayy, nolednad jadi bahan panalinga eta tim anu diluluguan ku
Ki sugali gagadill kulisi kepala asal ti pasir kunti buligirr bawahan kademangan ajag taranjang babaragadalan...
Talajak nolednad sapopoe ditalingakeun ku eta tim, kalayan lantip teu sakanyaho jinisna..nu di peunteun lain ukur rengkak pamolah dina masalah teknis ngokollakeeun usaha nu geus jadi kaahlian nolednadd, oge talajakk dina jihat kapamingpinan (leadership), etiika jeung integritas tur sikep sapopoe ka rahayyat jadi kriiteria pameunteuunn tim..
Ku hade milik, salila dina panalinga tim, nolednad bener2 nnembongkeun kinerja anu aluss...geus karuhan ari dina widang bisniss telebug saparakanca mah,, da memang geus manukna, malah dina widang integritas jeung sikep ka rahayat nolednad mindeng ngalakonan lampah nu ngirut jeung jadi pamuji tim. Diantarana sikep anu alus ti nolednad nyaeta basa manehna nulungan dua jelema lolong anu keur kadungsang-dungsang. Ieu jadi bahan catur pamujian salelembur. Kabeh euweuh nu teu ngalem lampah nolednad harita, sok sanajan bari rada piseurieun.
nolednad nu keur diponto ku tim rusiah residen pikeun jadi asisten residen widang ekonomi jeung kasejahteraan, meunang pangalem ti salembur wireh geus milampah laku mulya ka dua jalma lolong nu kadungsang-dungsang. Hal eta jadi pertimbangan penting tim residen tea, utamana kaitanna jeung kriteria sikep ngemong jeung ngayoman masyarakat...kumaha carita eta laku mulya nolednad teh? ayeuna hayu urang pedar sasarengan..
Sakumaha nu dicaritakan ku saksi mata nu nganyahokeun eta kajadian, kieu caritana teh: ....di hiji lembur nyingkur sikluk nu jauhna kurang leuwihh 5 obor baralakk ti pasir bulistir (lembur nolednad), hirup 2 jalma lolong nu pahatulalis teu indung teu bapa. Eta dua jelema adi lanceuk, hirup estu basajan, cicing di imah walurat, hateup eurih bari jeung reod-reod acan. Ngarana dulja (lanceuk) jeung dulji (adina)...
Maranehna hirup estu pinuh ku wates..sagala heureut, maklum tanpa daksa teu bisa nenjo..hirup paungku-ungku nu hiji teu bisa leupas ti nu sejen..dina sagala rupa...balangsiar, mandi, ngisikan, ngejo, memeres imah, jeung sajabana..
Saumur-umur hirup nyeuseup hawa dunya, maranehna teu pernah kaluar jauh ti lembur..ngan hayoh ulukutek di sajero lembur, nu katelah lembur pasayangan mesum. Kitu na kaharti da kuayaan diri nu teu sampurna tea. Rek indit jauh kumaha ari teu bisa ningal mah. Kacaturkeun, hiji mangsa pasosore, dulja jeung dulji keur ngobrol dina golodog imah,..dulja: "ki adi tadi peuting urang ngimpi rada aheng..." dulji: " ngimpi naon kitu ki lanceuk?"....dulji: " kula aya nu ngaharewosan..majarkeun ngakuna aki rumjid, aki urang duaan..." dulji: "kutan?"....dulji neruskeun omongan: " manehna nitah ka urang duaan indit ka hiji wewengkon, lamun memang urang hayang aya parobahan hirup anu leuwih menyat.." dulji: " maksudna kumaha nu tegesna ki lanceuk?"....dulja: "belet maneh mah ki adi, maksudna mun urang hayang hirup anu leuwih raharja jeung punjul, urang duaan kudu indit ka hiji tempat, anu aya di beh lengkob gunung cungcurungan muncugug...kitu tah ceuk harewos na ngimpi kula.."
Dulja neruskeun omongan: " tadina kuring teu pati yakin, eta mah ngan saukur ngimpi riwan alias kembangna he-es. Tapi kulantaran eta impian haben datang..nepi ka noron 5 peuting teu eureun2..kuring jadi kuat kapercayaan eta teh ilapat nu saenyana.." dulji nempas: "ari kitu kanyataana kuring ge sapamadegan ki lanceuk...eta impian teh mangrupa ilapat daria nu bakal ngarobah hirup urang duaan kahareup..." sajongjongan dulja ngahuleng, terus ngomong: "ngan kumaha atuh urang kudu ngalakonana..apan sidik urang duaan teh saeutik ge teu boga pangalaman liar jauh, sok ngomo ngumbara pindah padumukan...urang duaan teu bisa nenjo..kuriak urang sasab kadungsang-dungsang.." dulji nempas kalayan pinuh sumanget: "ki lanceuk ulah epes me-er, urang lakonan kuduaan kalayan kompak sauyunan, najan teu bisa nenjo pan urang teh boga sungut jang tatanya jeung leungeun jang susur sasar. Nu pentingmah urang nguatkeun tekad jeung mancegkeun harepan nu tohaga. Hayu urang duaan indit nemonan eta bongbolongan ilapat.." disumangetan ku adina, dulja jadi panceg jeung saharita leungit rasa mangmangna. Tungtungna, kalayan gilig dulja jeung dulji nyiapkeun sabisa-bisa parabot jeung waragad pikeun indit nedunan ilapat tina impian eta. Pagetona, gejlig maranehna indit paungku-paungku miang ninggalkeun lembur pasayangan mesum...
Indit nu lolong..najan patarema duaan, tangtu teu bisa gancang cara jalma nu normal...loba rundag-randeg bari susur sasar, mun teu ku leungeun nya ku cokor....beuki lila beuki jauh ari dikeureuyeuh mah, sok sanajan boyot ngarayap siga lumampah kuya...manjing asup ka leuweung nu rembet, mindeng pisan dulja jeung dulji bagilir labuh ngagedebut atawa ngusrak kana rungkun, alatan tikudawet kana areuy atawa titajong kana akar-akar kai nu renjul mucunghul tina jero taneuhh...kocapkeun, sanggeus leumpang sapoe jeput..dulja jeung dulji hasil meuntas leuweung gerot nu misahkeun lembur pasayangan mesum jeung pasir bulistirr..maranehna nepi kahiji tempat nu rada ampah ngabungbulang..mangrupa serang nu caang ngan sakapeung kaselang ku tatangkalan nu dipelak jelema, ssrupaning nangka, kalapa, peuteuy jsb..ngarasa bungah jeung cape nataku...dulja, dulja satengah ngabeubeutkeun maneh ngalungsar bari renghap ranyugg...marenehna reureuh bari ngarasakeun kacape nu kacida...dulja: "haduh ki adi reureuh heula euyy...urang geus aya di tempat nu teu bala-bala teuing jigana...dulji nempas: "enya ki lanceuk, jeung asa ku hanaang kacida hayang nginum, ngan cai dina tampolong jigana geus beak teu nyesa sakeclak-keclak acan...kudu kumahanya?"...
Dulja: "ki adi cik atuh sugan aya tangkal kalapa atawa ci nyusu,..? Geura sasaran kadinya...sugan aya milik sarerea..bisa nginum.."....dulji cengkat bari kokodomangan..dicampur susur sasar ku suku...susuganan ngarampa tangkal kalapa atawa nyasar cai nyusu nu herang caina....sanggeus sababaraha waktu..kadenge dulji ngagorowok: " ki lanceuk didieu aya tangkal kalapa..!"....dulja: "lakadalah tah geuning aya milik...cik lah urang takekan susuganan aya daweganan di luhur...meuni hanaang kieu hayang pisan nginum..." dulji: "buru atuh kang kadieu..kuring mah asa rada paur rek naekna..ieu mah tangkal kalapa teh sigana jeceng lempeng..jeung euweuh sengkedan parigi nete suku...ki lanceuk wae nu naek..nu leuwih ahli.." bari susur sasar teu lila dulja geus nampeu handapeun tangkal kalapa gigireun dulji...bari duana ngarampaan tangkal kalapa..jiga nu keur ngimpleng ngukur2 cara naekanana....sok sanajan lolong ari saukur mancal naekan tangkal kalapa mah barisa dulja jeung dulji teh..sok komo dulja mah kaasup tapis..mun ngalapa teu kudu aya sengkedan wae..dalah kalapa jeceng nu rada leueur bisa ditaekan kumanehna mah..make cara asrod monyet...leungeun ngalingkar metot tangkal, suku duanana nengkep tangkal, terus asrod2an kaluhur siga monyet nu keur nerekel....
Sakumaha carita tipayun..dulja jeung dulji nu keur ngalalana nedunan ilapat ngimpi keur reureuh bari rek ngala kalapa ngubaran hanaang...kulantaran duanana lolong..ngan ukur bisa nyasaran tangkal bari terus gundem ngobroll...dulji: "sok atuhh kilanceuk geura naek, geus teu kuat halabhab yeuh..." terekel dulja naek..terus ngasrod kalayan rikat..bari ngomong: "tungguan ki adii, kula rek ngajul dawegan..sabaraha hulu ngalana euy..?" Dulji: "ulah loba2...paling jenuk 4 hulu wae ki lanceuk...era barinage tangkal boga batur..ngala teu bebeja..bubuhan kapaksa"..
Asrod..asrod..dulja linghas naek beuki luhur..make gaya asrod monyet...si dulji nungguan dihandap bari jeung geus teu sabar...dulji: " gancang ki lanceuk geura ajul.." dulja sarua teu sabar..nerekel beuki gancang...ngan orokaya tangkal kalapa teh jigana luhur pisan...dulja ngarasa kesel teu daek nepi kana manggaran pucuk kalapa...dulja ngagerentes: "jadoll teh jangkung geuning tangkal teh.." bari terus beuki cepet ngasrodd kaluhurr...teu lila, kira-kira saheoseun bagong beger nu keur heuayy...koleaaangg...geprukk....gedebuttttt..sora anu ragrag ngabeubeut tarik kana lemahh...si dulji nyorowokk: "ki lanceukk ulah loba teuingg...naha meni diajul jeung manggar2na...? Cukupp opat hulu gee...".....kusek-kusekk..geruuung soraa nu humaregungg ripuhh...horeng si mana horeng nuragrag morobot teh lain kalapa samanggar...tapi si dulja nu ragrag nyirorot teu manggapulya tina pucuk kalapa...sihoreng tangkal kalapa teh tanpa daksa, buntung pucukna tapak kabentar gelapp...jadi pas si dulja ngasrod nepi kapucuk terus ngeploss..ngoleang ragragg....atuh tangkal kalapa buntung boro2 aya manggaran...sidik ngalegenceng jiga tihang listrike euweuh cacangkedan diluhurna......nya ku lolong tea jadi teu bisa ngabedakeun tangkal nu jejeg jeung tangkal nu sapat urut kasamber petirr..
Rupana..geruhh handapeun tangkal kalapa..karengeu ku sabaraha jalma nu aya disisi lembur...terus maranehna datang ka tempat kajadiaan..ngarubung jeung nyoba nulungan dulja nu kapiuhann...lila ku lila beuki loba jalma nu ngarogrog dulja..ngan orokaya can aya nu bisa nyadarkeun si dulja...anapon si dulja..ngan ukur bisa nyeungceurikan langceukna nu ngalempreh teu walakaya...teu lila aya nu ngomong: "halikk..halikk..cik rek dicobaan diubaran ku kuring.." ret kabeh nu aya didinya ngareret..sihoreng nu ngurunyung datang bari nawarkeun jasa nulung teh taya lian ki nolednadd....nu kabeneran harita manehna keur ngaliwat balik ngiangkeun talawengkar jeung halu ti bawahan lembur gandull rumayudd...
Nolednad singkill...terus manehna ngarampaan angen jeung ngoyagkeun careham dulja nu kapaehan..."waduhh geuning ieu carehamna meni heurass..jeung ngereket teu bisa dicalangapkeun euy..?" Rupana sungut dulja ngereket kekep..nepi ka hayohh diongget-ongget dibuka sangkan calangapp..ge tetep teu bisa...salah saurang nanya: "naha rek dikumahakeun ki nolednad..bet kudu dicalangapkeun heula sungutnaa..?" Nolednad: "jehh apann arek dibere napas buatan..supaya nyaring jadi eling..ditiup sungutna deuleu...jadi pastina kudu bisa dibuka heula sungutna...." nu ngariung gundem bareng: "ooooohhhhh.." Nolednad: "cik bantuan euyy salah saurang...kula ngabenyeng careham handap..salah saurang narik sungutna nu luhur.." srog aya anu nyologrong kahareup rek mantuan nolednad...terus duanana narik eta sungut ka arah nu beda...bari rada tibeberegeng...teu lila "krekkkk" aya sora tulang ngagiclek..teruss sungut dulja ngabukaa..bari disusull soraa handaruan tina sungutna: "jadolllllll kalapa buntunggg anjirrrrr...!!!!!"...rupanaa basa manehna ngasrod ngeploss ngoleang ragrag, manehna sadar yen tangkal teh buntung, terus manehna rek nyorowokk ngan teu kaburu kaluar tina sungutna sabab tibeubeut manten..kaluar2 bieu pas carehamna dibedoll kuduaan..